Kaca:Poesaka Soenda 1922-09-1(03).pdf/14

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
ramé anoe wara wiri,
Kotjap Sang Radja Djin,
Kagét nigali noe rawoeh,
andjeunna njambat mariksa;
Ieu manoesa ti mendi,
tara-tara aja djalma anoe datang,
128. Radén roeméndjag manahna,
ngawaler hormat djeung titih,
tatag oetjap poetra radja:
Noen rama séwoe pangbakti,
menggahing djisim abdi,
tedak wedalan ti Galoeh,
ngaran poen Pamanahrasa,
rama adji mangkoe nagri,
noe katelah ratoe agoeng Padjadjaran.
129. Menggah sim abdi ajeuna,
koe doeloer diarah pati,
abdi pang ka dieu dongkap,
didjeroem noe djoelig dengki.
Atoeh koe radja Edjin,
radén digeuwat dipangkoe,
disambat didama-dama,
adoeh emas deudeuh teuing,
sabar baé da moal djadi tjilaka,
130. Lamoen oedjang disangsara,
koe noe djail djoelig dengki,
nandasa rék nganiaja,
ajeuna ama ngawaris,
djimat ageman edjin,
tanwandé djin pada anoet,
heh ieu oedjang tampanan,
adjianana sakali,
ladjeng Radén diwirid élmoe kadjinan.
131. Geus apal adjianana,
miwah djimat geus katampi,
ladjeng sareng barang toeang,
katoeangan roepi-roepi,
anoe amis noe goerih,
toeang leueut goenem tjatoer,
satoetasna soekan-soekan,
djin ka Radén ngalahir,
Moen geus hajang hadé oedjang geura moelang.
132. Dina manah Radén Poetra,
aja dina goeha lami,
raos-raos geus moelanan,
diaping diasih edjin,
dipirig soeka galih,
nembé didjoeroeng wangsoel,
pangira panjeta manah,
raka rama geus maroelih,
réh geus lawas di goeha aja boelanna.
133. Sanggeus ditimbalan moelang,
Radén poetra njembah amit,
angkat mapaj djalan dongkap,
ahéng horéng poék deui,
soesoer sasar tjara tadi,
tjara dina waktoe asoep,
kotjap noe aja di loear,
radja poetra sareng patih,
areuj alit pamoentangan dikadékan.
134. Nanging henteu daék pegat,
pakarang taja noe mahi,
gobang pedang henteu teurak,
keris badi komo deui.
Tandesan nampi tampiling,
Papagratang djamedoed,
réhing areuj henteu pegat,
Asmoenalarang sér miris,
ningal rai bidjiIna goegoerawilan.
135. Radén Soenoe handjat medal,
koe raka arék dibanting,
rék ditelasan koe pedang,
pedang direboet koe patih,
bari ngalahir bengis,
bet kawas lain djeung doeloer,
kawas tedak koeritjakan,
tinggal tata titi soerti,
arék téga nelasan doeloer sorangan.
46