Kaca:Poesaka Soenda 1922-09-1(03).pdf/13

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
ningal woedjoed noe geus poegoeh,
ngodjaj tjara éngkang-éngkang,
njoekang dina areuj leutik,
kawas njata lain boedak samanéa.
119. Boehaja geus sina moelang,
ka Radén amitan balik,
Kotjap Dén Asmoenalarang,
ningal rai leuwih sakti,
mana peurih mingkir sedih,
ka rama oendjoeng hoematoer,
mangga oerang ka goeha,
njatjapkeun tjiri noe boekti,
ladjeng djengkar sadaja ka Pasaleman.
120. Goeha atra katingalan,
loengkawing djero nangtawing,
di handapna mah teu awas,
poék mongkléng boeta radjin,
ti loear noe katingali,
aja areuj hidji lemboet,
ngambaj geusan toengtoeroenan,
Asmoena Larang ngalahir:
Geura djadjal adi asoep ka djerona.
121. Radja Soenoe tjoemalimba,
adoeh engkang téga teuing,
soemangga baé telasan,
abdi pasrah bakti pati,
asoep abdi aringgis,
miris gimir teu kaoentoep,
Asmoenalarang maksa,
raina keukeuh teu wani,
kek ditjerek rék dipaksa koe piroesa.
122. Rék dibalangkeun ka goeha.
Pamanahrasa djoemerit,
atoeh engké heula engkang,
da abdi téh boedak leutik,
moal baha moal boedi,
nadjan Iain boedak timoe,
lain boedak kasangsara,
éstoe poetra rama Adji,
mangké atoeh abdi badé dangdan heula.
123. Ladjeng Radja Soenoe dangdan,
sindjang soetra tjindé singkil,
kangkaloeng kongkojang emas,
pinggel disigsetkeun deui,
sanggeusna tarampil ringsig,
salira aloem kajoengkoen,
Pamanahrasa nalangsa,
moerangkalih ngerik galih,
tjisotjana reumbaj medal disoesoetan.
124. Perbawa sabar darana,
soemerah ka takdir Goesti,
anggang manah ngarasoela,
ka raka oendjoekan amit.
engkang abdi badé titip,
wangsit wiat kangdjeng iboe,
saréh tadi noedjoe gerah,
kadoea titip poen adi,
Radja Poepoek anoe masih kénéh boedak.
125. Rakana ngandika njentak,
montong teuing djadi ati,
teu goena dipikamelang,
kawas djoelig gindi pikir,
noeding djail silib dengki,
anggoer ka goeha geura soep,
iatna Pamanahrasa,
satoetasna njambat Goesti,
ngagoentajang loemebet ka djero goeha.
126. Goerantil goegoerawilan,
mapaj-mapaj areuj leutik,
poék mongkléng boeta rata,
deudeuh anoe keur prihatin,
koe raka diarah pati,
toetoeg tepi ka toengtoeng,
Rahadén dongkap ka handap,
atra awas katingali,
ngagoléndang sinar tjaang djero goeha.
127. manah hémeng salin rasa,
raos asoep ka djro nagri,
ningal pirang-pirang djalma,
45