Kaca:Poesaka Soenda 1922-09-1(03).pdf/12

Ti Wikipabukon
Aya masalah dina nalika nguji baca ieu kaca
9. Ngan sakitoe nja mèrè pèpèling,
henteu pandjang dapon dipilampah,
sanadjan piwoeroek pondok,
lamoenna bisa noengkoes,
meureun djadi rahajoe diri,
karasa mangpaätna.
Insja Allah loeloes,
sarat teu moengpang piwoelang,
Adoeh oedjang poma masing èling-èling,
kana kahèman sepah.


Aja toeloejna.


Wawatjan Siliwangi.

Samboenganana. No. 2

111. Radén Anom kerén loengsoer,
ngaboedjeng telenging leuwi,
horéng raka papan kemat,
matek goetoek menoer poedji,
gendam panangtang boehaja,
ronghéap boehaja poetih.
112. Boehaja gantjang dioetoes,
njamber noe siram di leuwi,
sang boehaja mangap-mangap,
Radén Anom geus katjangking,
nanging njangking ganti sembah,
njangking tawis rék ngabakti.
113. Boeaja koempoel ngarioeng,
isin adjrit liwat saking,
ting karépot tanda hormat,
ngawisik adjining demit,
adji roma kasileman,
ageman panggeugeuh leuwi,
114. Noe di darat soerak seroe,
soeka galih tanpa tanding,
Papagratang djeung Tandesan,
koedoe djogéd Djadoed Djadid,
paréntah timbalan soerak,
tawis Pamoenah lastari.


SINOM.


I15. Noedjoe ramé Soesoerakan,
Dén Anom bidjil ti hilir,
medal diiring boehaja,
sadaja kagét teu harti,
raka ketjoet boedi kesit,
tina bendoena pok njaoer:
Geuning diiring boeaja,
boeaja ti mendi manggih,
hiap bawa oerang retjah soegan ngeunah.
116. Pamoenah Rasa ka darat,
handjat tina birit leuwi,
boehajana mamandapan,
Rahadén Poetra geus linggih,
Ti Raden Patih teu tebih,
linggih loenggoeh timpoeh,
Dén Banjak Soemba ngandika:
Ama boengah liwat saking,
awak bagdja waloeja meunang boehaja.
117. Sina retjah koe baroedak,
loemajan sina dipeuntjit,
soegan arék diharakan,
Pamoenah Rasa ngalahir:
Sanés mawa rék dipeuntjit,
boehaja béla toemoetoer,
datangna soeka sorangan,
éstoe karepna pribadi,
tawis asih ka abdi njarengan moelang.
118. Moal moelang kaniaja,
noe asih dipoelang sengit,
Sang boehaja tanpa dosa,
Radén Patih kéndel galih,
tina sanget teu ngarti,
44