Kaca:Poesaka Soenda 1922-09-1(03).pdf/11

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

Biantara.

(Tina Djawa No. 3. tahoen 1 Karangan H. S. d. P.)


1. Dangdanggoela didamel pèpèling,
rèk miwoelang nandakeun kamèlang,
ka anak anoe pangantèn,
batan omongan pantoen,
woengkoel ketjap teu djeung katjapi,
djadi saroepa-roepa,
dèk moeroek mitoetoer,
nganasèhatan ka oedjang,
tina ama reudjeung iboe boengah ati,
soeka taja hinggana.
2. Réhna Oedjang eudjeung Enok njai,
ditikahkeun djeung pada karepna,
lain beunang ngarerepok,
kolot mah ngan djoemoeroeng,
samboeng doenga moegi lastari,
loeloes-roentoet teu bantat,
sing asih saloeloet,
ngeunah reungeu ngeunah tingal,
lambat-lamboet pandjang doeriat sarimbit,
kebat gedè daradjat,
3. Eta kitoe paneda ka Goesti,
noe kawasa noe moerba wisèsa,
noe moerah ka machloek kabèh,
sarta sapaät Rasoel,
noe diselir Pamoengkas Nabi,
sarta sanget neneda,
ka para loeloehoer,
moega loentoer berekahna,
ka baroedak anoe geus djatoek karami,
doeh poma pisan Oedjang.
4. Eling èling koe pikir ilaing,
kabèh woelang anoe mikamelang,
djeung bodjo oelah rek bendèng,
Koedoe sing loeloes-roentoet,
laki-rabi sing loeloes-loeis,
oelat getas hareuras,
sok matak teu oeroes,
moen noeroetkeun napsoe keras,
djadi was-was sok regas taja kainggis,
leungit ichtiar tiwas.
5. Ka bodjo tèh mangka welas asih,
koedoe pisan silih pikahèman;
pasemon koedoe sing bèrès,
oelah koesoet ngoeloewoet,
omong oelah ketjoet djeung kesit,
koedoe oelat marahmaj,
soepaja toemoeloej,
loeloes kana kahadèan,
djeung bodjo tèh sing malar djadi sarimbit,
di doenja di achèrat.
6. Nadjan soegih emas pèrak doeit,
moen teu roentoet reudjeung pamadjikan,
ngoelajaban baè hatè,
loepoet anoe dimaksoed,
moal djadi rahajoe diri,
alamat teu djamoega,
saoemoerna hiroep,
lain tina kabeungharan,
anoe matak djempè hatè tiis pilkir,
ngan roentoet saäleutan.
7. Reudjeung perloe moenggoehing salaki,
mapatahan ka bodjona tèa,
adab panatan awèwè,
dioek nangtoeng loemakoe,
tata-titi mangka kasoerti,
tingkah polah babasan,
sarta tindak-tandoek,
oelah sok tindak ngadadak,
sarta woeroek ngakoe tamoe titih rintih,
sing sarèsèh somèah.
8. Poma-poma rèk kaboeroe sengit,
ka bodjo tèh moen aja salahna,
anoe teu soeroep djeung hate,
naon noe teu panoedjoe,
pèk waktjakeun sina kaharti,
loepoetna pamadjikan,
koedoe leukeun moeroek,
djeung koedoe gedè hampoera,
reudjeung koedoe woeroek naon anoe wadjib,
parèntah hoekoem sara.
43