Kaca:Poesaka Soenda 1922-09-1(03).pdf/10

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
49. Laoek warna-warna loba,
sapi moending embè domba,
hajam meri rendang njaba,
damel Allah anoe moerba.
40. Keur manoesa dadaharan,
loba manoek haliberan,
manoek leutik nanakeran,
ditjawisan koe Pangèran.
51. Geus poegoeh mah manoek bango,
soekoena sagedè django,
orakaja njieun tongo,
peudjitna wani molongo.
52. Tobat Goesti matak weksa,
leuwih radjin leuwih jasa,
poegoeh ngadamel manoesa,
tèlèla Allah kawasa.
53. Dipanonan disoengoetan,
dileungeunan keur njokotan,
soekoe keur angkat-angkatan,
boeat leumpang loeloempatan,
54. Djalma gadoeh dampal soekoe,
dipaké leumpang loemakoe,
saoemoer hiroep ngabakoe,
tapi pageuhna natakoe.
55. Awak oerang matak hèran,
dangdanan damel Pangèran,
roejad rèjod lalonggèran,
tapi pageuh nanakeran.
56. Wantoe dangdanan noe sakti,
noe radjin leuwih ti misti,
ari taroempah mah pasti,
dikaroet gè mindeng ganti.
57. Dina manah oelah salah,
èlingkeun ka Goesti Allah,
raga oerang tan’pa polah,
oesik obah kersa Allah.
58. Ieu „OBOR” noe diserat,
geus TERANG pikeun ibarat,
moen toeroet ka kitab soerat,
senangna doenja ahèrat.
59. Njandak „OBOR” tangtoe awas,
koedoe lenjep koedoe was-was,
lamoen teu pertjaja tiwas,
noe matak hantem tarawas,
60. Hiroep di doenja teu lila,
di doenja loba mamala,
moen poèk nja tangtoe bahla,
koedoe tjegah lampah ala.
61. Sakitoe ngawangwang basa,
diatoer sabisa-bisa,
soepaja djadi karasa,
oelah mangmang asa-asa.
62. Panoehoen noe ngarang patwa,
rèh gadoeh sangkaan boa,
boa teuing dipitjoea,
koe sadaja anom toea.
63. Manah oelah kadinjana,
doemèh sahandapeunnana,
oemoerna miwah pangkatna,
moeng lenjepan soerasana.
64. Pami aja noe pitoea,
soemawon ti bangsa toea,
sanadjan ti noe saroea,
oelah rèk dianggo tjoea.
65. Oepami tatjan kapendak,
sanadjan oerang noe oendak,
moal matak beurat moendak,
anggoer sakalian poendak,
66. Nadjan pinter mapatahan,
namoeng kedah dipageuhan,
sok radjeun kabalangahan,
mawi dimoesawarahan.
67. Keur pinter kabinangkitan,
diwoewoeh koe noe ngingetan,
woewoeh tebih kaloepoetan,
ageung nja kasalametan.

ATMAJOEDA.

(Hulpschrijver Kaboepaten Bandoeng).

42