Kaca:Poesaka Soenda 1922-09-1(03).pdf/9

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
29. Di lahir tempat ichtiar,
èlmoe toengtoet doenja siar,
sangkana moelja goemelar,
nja koedoe loba panalar.
30. Da Goesti mah sipat moerah,
geura seug oerang paparah,
dadamelan noe geus njarah,
koe Apa anoe kadjarah.
31. Tètèla jèn pangatoeran,
sagala damel pangèran,
aja gedong matak hèran,
gedè loehoer nanakeran.
32. Henteu aja papadana,
gedong kitoe poharana,
santosa dangdananana,
sagedè goenoeng pakoena,
33. Bisi padjar rahoel doang,
tah! ieu Alam noe lewang,
boengangang nja awang-awang,
teu karana modal oeang.
34. Adegan djagat pohara,
henteu kalawan kosara,
tapi dangdanan njalira,
djadi sagala perkara,
35. Teu kalawan parabot bas,
teu maké balioeng rimbas,
tatapi ngadjadi bèbas,
Koedrat-iradat noe nebas.
36. Oerang sing lantip pikiran,
tètèla damel Pangèran,
teu aja noe matak hèran,
koedoe soekoer nanakeran,
37. Mahloek mah ngan tampa ngeunah,
goemelar nitihan tanah,
taja kasalempang manah,
dangdanan pageuh djeung ngeunah.
38. Keur ngeunah dangdanan saë,
tambah tjaang oenggal poë,
„OBORAN noe beureum hèdjo,
mamrih oerang awas néndjo.
39. Soemangga oerang laladjo,
eusi doenja oerang djodjo,
„OBORAN noe beureum hèdjo,
mamrih oerang awas mèndjo.
40. Mimiti oerang pelesir,
koedoe mapaj heula pasir,
mamrih awas ka basisir,
eusi doenja sing kataksir.
41. Masa Allah Alam doenja!
eusina mani ngaleuja,
roepa saniskara aja,
Goesti Allah Ieuwih kaja.
42. Keur kaja asih djeung moerah,
eusi doenja njajeud njarah,
Goesti tèh taja pangarah,
ngan keur machloek oenggal sirah,
43. „OBORAN” bari tingalan,
euleuh! geuning tjoetjoekoelan,
tina boemi baridjilan,
noe areujan noe tangkalan,
44. Pirang-pirang nja goenana,
hasilna kabina-bina,
akar, tangkalna, beutina,
kembangna reudjeung daoenna.
45. Warna-warna boeboeahan,
tina tangkal tina dahan,
ti noe ngareuj baroeahan,
Goesti Allah tèh moerahan.
46. Rasa boeah bèda-bèda,
amis pelem haseum lada,
Pangeran welas katjida,
soepaja manoesa neda.
47. Kanjataan leuwih pisa,
nganggo boengkoes pageuh pisan,
boengkoesna araloes pisan,
bisi roeksak kareumisan.
48. Anoe lantjip dipalirè,
hèran lain djorè-djorè,
geus poegoeh mah èta parè,
boengkoesna teu dimomorè.
41