Kaca:Poesaka Soenda 1922-09-1(03).pdf/8

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
8. Woer mawoer parantjah doejoeng,
paraboen Batara Oejoeng,
Pohatji sangiang Woejoeng,
Koeroengan aoeb tangtajoeng.
9. Emas mirah sari koening,
pèlètna Sangiang wening,
sawenang-wenang ngahening,
poeraga si oenang-aning.
10. Oenang-aning poesakana,
oenang-aning panganggona,
Panganggo sa parantjahna,
parantjah dongdonannana.
11. Dongdonan kabalakaan,
nja balik ka bir’rachian,
bir’rachi kasoegemaan,
soegema ti kasoekaan.
12. Wit Njai nja’patoelalis,
mèmèh ditoelas ditoelis,
mèmèh ngarèka noe geulis,
indoeng bapa keur wiwilis.
13. Wiwilis samining asih,
sabobot sabinokasih,
silih asah silih asih,
tjampoeh djiwa sanoeringsih.
14. Bapa meta indoeng woejoeng,
di dinja paraboen doejoeng,
tata peta sorong dajoeng,
padjoearan tempat woejoeng.
15. Woejoeng aloem kaseliran,
kaselir ka paboearan,
paboearan pang wedaran,
ngawedarkeun panasaran.
16. Panasaran panasari,
panas raga panas diri,
panasna ki nafsoel'amri,
sarina kamoeri-moeri
17. Moeri-moeri rasa SIRna,
da SIRna WADI MADIna,
MANIna dieung MANINGKEMna,
MANINGKEM nja, manoesana.
18. Balik ka si’bangbalikan,
sindir Njai sapokpokan,
rasakeun sindir soeloekan,
soeloek sasaka tjitakan,
19. Tjitakan nja'iboe rama,
njitak lain koe oepama,
teu kawasa iboe rama,
ngan ngajoega sa’lalama, ,
20. Sa tjara tjiri tjaina,
tjara tjahaja sotjana,
tjara tjarita tjangkemna,
tjiri tjitjiren dangoena.
21. Hakking Nja Koedrattoelah,
gelarna njai teu salah,
ka doenja kabir noe nelah,
dioeroes saparipolah.
22. Koe iboe Enoeng noe pasti,
didjaga toerta goemati,
dibakti dipoesti-poesti,
dipiratoe dipigoesti.
23. Anak ing poepoedjan ati,
njaah teh mang keti-keti,
ngan Njai anoe dipoesti,
estoe tikawit ngaboekti.
24. Andjog nepi ka ajeuna,
taja babandingannana,
leuwih tidoenja barana,
estoe sabobot boewana,
25. Kersa Allah noe kawasa,
leuwih asil ka manoesa,
anak ing pandjang nja mangsa,
sing eling agama esa’ !
26. nja Agama Islamoe'llah,
Moehammadar’rasoeloel’lah,
jen Islam papagon Allah,
tanda manoetan jèn kalah.
27. Lampahkeun papagon sara,
noe perloe teu kira-kira,
Sallat noe lima perkara,
prak lampahkeun koe salira,
28. Haram makroeh koedoe tjegah,
da mo matak djadi seunggah,
oelah kéna-kéna gagah,
bedeyong taja panjegah.