Kaca:Poesaka Soenda 1922-10-1(04).pdf/2

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

raos Iedjar hègar panggalih, nimbalan soepaja ngabagikeun doenja barana ka pakir miskin, sarta omat-omatan dawoehanana soepaja èta anoe doea tamoe tèa ogè koedoe diloengsoer linggih. Panghoeloe Kadi Djamaloedin ngemban timbalan Kangdjeng Soeltan angkat ka Masdjidilaksa mendakan èta doea hadji oerang Soenda tèa.

Sasoempingna ka masdjid, gok patepang sareng pok Panghoeloe Djamaloedin njarios ka tamoe noe doeaan tea, jèn arandjeunna, tèh èstoe pinanggih bagdja tanpa wilanganana nepi ka iasa djarah ka Bètalmoekadas ka makam para nabi. Sarta koe andjeunna ditjarioskeun, jèn nja di dinja tempatna Kangdjeng Nabi Ibrahim neneda ka Pangèran moendoet soepaja poetra-poetrana iasa djaradi radja djoemeneng Nabi. Nja tinekanan kaloengsoran wahjoe katibanan pangandika Pangèran, dikaboel penoehoenna poetrana anoe djenengan Ishak didawoehkeun baris ngaroendajkeun Nabi-nabi djeung radja-radja.

Sanggeus kitoe Panghoeloe Djamaloedin njarios, jèn Kangdjeng Radja baris sidekah ka pakir miskin, djeung ka para hadji sadaja, sarta èta tamoe anoe doeaan tèa ogè koedoe miloe saroemping ka nagara, noeroetkeun sakoemaha atoeran anoe geus galib di dinja.

Radja Tjakra Boeana sareng raina, nganoehoenkeun kana pangangken Panghoeloe, sareng njoemanggakeun kana pangangkirna toemoet satimbalanana.

Katjarios di nagara harita geus ger ngabagi sidekah, djelema mani djedjel heurin oesik, ti soeklakna ti sekloekna pada koempoel, soemawonten para oelama-oelama mah toengkeb sadaja, sarta walatra pada kabagi rata nampi pasihan ti Kangdjeng Soeltan.

Sabada ngabagi-bagi sidekah nembè tatamoe oerang Soenda anoe beunang ngangkir tèh koe Kangdjeng Soeltan ditemonan. Barang ret ogè ningali ka Nji Dalem Santang, parantos aja kereteg sir ing galih, soeroep nantjeb kana kalboe. Ènggalna, dawoehanana ka Radja Tjakra Boeana: „Hè oerang Soenda, koela aja paneda, soegan andika sapoek, adi sampéan koe koela arèk dipigarwa didjieun pawarang, ngaganti pramèswari anoe geus tilar doenja.”

Pioendjoek Radja Tjakra Boeana: „Langkoeng saè njarios koe andjeun ka djinisna, margi poen adi tèh awèwè anoe geus balèg. Oepami djinis poeroen abdi mah moeng sedja djoemoeroeng, sarta ngoetjap soekoer Alhamdoelilah.”

Ti dinja Kangdjeng Radja Banisrail ngadawoeh ka Nji Dalem Satang, dawoehanana: „He istri Soenda, kalawan paidin sadérék andika, kaoela toemaros, moegia sampèan oelah rengat galih, rèh kaoela neda soeka, manawa sampean loentoer manah, kersa dipigarwa koe kaoela, baris didamel pramèswari.”

Ari walon Nji Dalem Satang: „Noehoen, Ratoe kersa mileuleuheungkeun ka koering, oerang Soenda, anoe sakieu nja kanistaan, koerang loeang toena pangabisa, kawoewoeh di dieu koering toemamoe, teu terang ti tata titi, tatambangan kabiasaan nagara_pangoembaraan.”

Dawoehan Kangdjeng Radja: „Èta oelah jadi ati, anoe diteda koe kaoela ngan soeka rilana baè.”

Saoer Nji Dalem Satang: „Sim koering sedja toemoet, ngiring sakersa Maolana, moeng aja tandjakan saeutik, mangga koering dipigarwa, oepami Maolana djangdji, jèn sanggoep bakal noeroenkeun poetra pamegat, noe baris djadi wali sadjati, ngaratoean noesa Djawa anoe pingaliarkeuneun agama Kandjeng Nabi, korona tanah Djawa masih kènèh boeda.”

Kangdjeng Radja Banisrail kèndel ngadangoe pamoendoetna eta istri, sarta meleng moentang ka Pangèran, moemoedji ka Goesti noe Maha Soetji, rèh hèbat ngadangoe pioendjoek, istri tamoe Soenda, anoe sakitoe linoehoengna.

Sanalika harita kènèh Kangdjeng Radja kaloengsoeran wahjoe nampi wisikan Goesti Kang Maha Soetji: „He Hoeda, sanggoepan koe andika pamèntana èta istri.” (Kieu Djawana: Adan sawara karoengoe, ametik ing karna adji, hè Hoeda, adja koemlamar, ja ikoe wisik sedjati, wadon ikoe sanggoepana, kalawan idin Jang Widi).

Nja enggal koe kangdjeng Radja disanggoepan. Njai Dalem Satang harita

50