Kaca:Poesaka Soenda 1922-10-1(04).pdf/3

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

digentos djenengan Sjarifah Moedaim, nja kitoe deui Radja Tjakra Boeana sabot andjeunna aja di Mesir djenenganana digentos Hadji Abdoellah Doeliman.

Ti dinja broel sadaja djengkar ka Mekah diiring koe para poenggawa para mantri, baris akad nikah di Mekah, di pajoeneun para Imam. Sasoempingna ladjeng rèndèngan diwalian koe Hadji Abdoellah Doeliman, ari anoe ngidjabkeunana Imam Sjafiï. Saparantos nikah teu boeroe-boeroe maroelih ka Bannisrail, ngendek heula di Mekah, sarta dina sasih Rabioelawal nembè arangkat ka Madinah, djarah deui ka makam Kangdjeng Nabi. Di Madinahna lami deui, sareng dina sasih Radjab Sang Poetri Moedaim ngaraos ngandeg parantos doea sasih. Sabada boboran Siam, ti Madinah arangkat deui ka Mekah doegi ka sasih Sapar, brol Hidajat Sarip (nja èta Soenan Goenoeng Djati) dibabarkeun. (Dina taoen Hidjrah 795 boelan Sapar, ninggang taoen 1308). Saparantos 40 dinten broel maroelih ka Mesir.

Sigegkeun anoe goegah babar katjarios Hadji Doeliman, moendoet paidin ka sadèrèkna baris moelih ka Djawa, nja èta badè ngalalanjahan sareng ngotjal-ngotjal ngaislamkeun Padjadjaran.

Sasoempingna ka Padjadjaran ladjeng ngamalkeun sareng ngaiarkeun agama Islam, namoeng Praboe Siliwangi, teu kènging dionggèt-onggèt, toekoeh toehoe keukeuh pageuh njepengna agama kaboedaan. Nja toengtoengna Hadji Doeliman ditoendoeng ti Padjadjaran, ladjeng angkat ngètan soemping ka Koewoe Tjirebon. Èta koewoe pakasabanana kana ngala rebon (hoerang laleutik, rarong) keur njieun tarasi, anoe biasa dipakè majar oepeti ka Padjadjaran. Hadji Doeliman dipoeloeng mantoe koe Koewoe Tjirebon, nja kagoengan poetra doea anoe pameget Pangèran Tjirebon, anoe istri Nji Mas Pakoengwati. Anoe pameget tjalikna di Tjirebon girang, ari anoe istri di padèsan Dalem Ageung tjaket Padjala gerahan. Tatapi Ki Koewoe toemetep di Lemah Woengkoek. Ari Hadji Doeliman njirnakeun salira ngadamel hidji patapan anoe diseboetna Sang Noer manik tjipta giri sirengga, di dinja linggih sareng rèntjangna doeaan tjandak ti Arab, anoe hidji ngaranna Lanang Maolana Hoeda, anoe hidji deui Lanang Maolana Djapar.

Sigegkeun anoe parantos mandita, katjarios di Banisrail, Kangdjeng Radja Maolana Mashoeda poepoes ngantoen poetra doea anoe baroerej kènèh, nja èta Sarif Hidajatoellah sareng raina anoe djenenganana Noeroellah. Koe margi poetra-poetra teu atjan iasa mangkoe kadaton ngagentos rama, nja ngaheujeuk nagara diwakilan koe sadèrèk ramana, djenenganana Radja Onkah, djadi radja ngantos poetra-potra sawawa.

Radja Poetra Sarif Hidajatoellah anoe digadang pingagentoseun ramana sapaparantos balèg, badè dipisrahan kaprabon, namoeng andjeunna nandoek welèh teu kersa, teu kagembang koe kaagoengan noe ngaraos salirana sanès ka dinja pilojogeunana. Geus biasa noempi di noe sepi, tatapa ngisat salira. TOetoegna Sarip Hidajat loemebet ka Gedongy Samar, mendak sahidji peti kantjana, braj koe andjeunna diboeka bèh eusina kitab sahidji, tètèsan toelisan emas, oengelna Oesoel kalam, babaran hakèkat Moehamadiah.

(Kieu Djawana: Melebet ing gedong samar, amanggih sanoenggal peti, emas dèn sigra binoeka, kapanggih ana ing kono, kitah atoelis kentjana, anenggih Oesoel kalam, kang tjinarita ingrikoe hakèkah Moehammadiah).

Satoetasna njerepkeun eusining peti, pangadjak soerahna kitab, manahna tjengeng manteng hojong patepang sareng Kangdjeng Nabi, nja moendoet widi ka iboena baris djengkar ngoengsi ngilari Kangdjeng Nabi, nèangan Rasoelloelah.

Awit koe iboena dipagak, dipoekproek-poekproek koe woeroek, ditjarioskeun jen Kangdjeng Nabi Moehamad geus poepoes, taja peta bisa kapendak nadjan dihaben disaksrak ogè. Malah koe iboena didawoehkeun, jèn kiwari djaman bihari, bèda deui djeung baheula, baheula mah enja, djaman Kangdjeng Nabi Isa, Kangdjeng Nabi Daoed anoe poepoes tèh radjeun hiroep deui. Tatapi kiwari mah ngilari Nabi noe geus tilar doenja, taja peta laksana mo bisa kapendak, gaplah moebah tanpa goena. Koe iboena dihaben dioepah-apèh

51