Kaca:Poesaka Soenda 1922-10-1(04).pdf/4

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

lantaran baris didjoengdjoeng loenggoeh, diangkat ngadjadi Radja. Nja kitoe deui koe Radja dihaben dipoentangan diririhan rèh baris dipasrahan karadjaan.

Namoeng Sarif Hidajat welèh teu kenging dionggèt-onggèt, tetep anteb manahna tjengeng hojong tepang sareng Goesti Rasoel, tansah moendoet paidin sepah.

Koe andjeunna disaoerkeun ka Radja Oenkah, jèn tjengenging panggalih teu kenging dihalang-halang, nadjan andjeunna dipaksa ngadjadi radja, di djadina ogè tangtos moal lana, noe mawi anoe baris nampi waris djadi Narpati, dipasrahkeun baè ka raina anoe djenengan Noeroelah tèa, margi toenggal poetra Kangdjeng Radja sawargi.

Katjarios dina hidji wengi, Sarif Hidajat tengah wengi soedjoed ngaras ka pangkon iboe, pamit badè djengkar, njatjapkeun pangadjak manah.

Iboena nangis djoemerit Ies-les kapioehan, tina sanget abot badè dikantoen koe poetra, raos salira noeggelis. Namoeng barang lat andjeunna kapidara, braj ningal soroting gaib, djanggèlèk rakana anoe geus wapat, Kangdjeng Radja Banisrail soemping, sarta wangsit koe saoer njatjas: „He Moedaim, moega oelah dipake tjeurik njeri ati, pasrahkeun ka Pangèran, naha goes lali kana djangdji, tandjakan paneda awak, waktoe oerang arèk amprok. Tinekanan laksana paneda, moedoe soedjoed soekoer soemerah ka sakersa Goesti, anggoer djoeroeng koe pindoenga, kapan moenggah pindoenga tèa, opat djalan noe dikaboel, nja èta hidji pindoenga sepoeh ka seuweu, ka doea pangdjoengdjoeng Ratoe, katiloe bidjil ti Nabi, kaopat pangdoengana oemat anoe keur nandang kaniaja noe lian.”

Saparantos iboena ngadangoe wangsiting Goesti, manah ginandjar langsa djanglar, soemerah ka noe Kawasa, neneda djoemoeroeng lakoe.

Katjarios Sarit Hidajat angkat saparan-paran, teu kendat moentang ka Pangèran, siang wengi asroek-asroekan mileuweungan migoenoengan. Nepi kana wantji Asar, lirèn ngaso samedi handapeun kai bada netepan djoeng deui angkat, sarta tiloe dinten ti harita mendak goeha batoe imah naga. Sang naga ngakak bidjil semoe ambek, moeroe anoe nembé soemping, bari ngomong kawas djalma: „Hè nonoman, saha andika mana koemawani-koemalantjang loemantoeng ka tatar tempat kaoela, naon nja pisedjaeun, da tara aja djalma noe ngagadabah ngambah ieu patempatan!”

Enggal koe Sarif Hidajat diwaler: „Kaoela djelema sasab, kasasar ka geusan andika, karep koela soemedja ngilari Nabi, hajang tepang djeung Rasoelloelah.”

Sang naga bèngong ngoeping pangwalon, sarta pok ngomong: „Kapan Nabi mah geus teu aja di kieuna. Tapi kitoe deui da moenggoeh Goesti mah tara kahèlokan kasamaran, ngan soegan djeung soegan baè aja kadar andika iasa patepang, moega aja pitandang pangoendjoekkeun poedji salawat kaoela!”

Sanggeus kènging toedjoeh dinten antawisna, djog soemping ka sisi laoet, gok patepang deui sareng hidji naga, gedèna tandingan pasir, moentab-moentab moengsrat sorot kawas seuneu, soengoet tjalawak matak gila, lèlèwa kawas arèk neureuj boeleud.

Naga, ningal Sarif Hidajat teu gèdèr teu gimir teu aja pasemon miris, pok sang naga tèh nanja: „Hè manoesa, andika djelema naon, wani teu aja kagimir, ti barang koeala ingkar ti naraka djahanam, kaoela kakara mendak anoe wedel tohaga manah, da nadjan bangsa naga deui ogè kabeh soedjoed pada adjrih migoesti ka kami, naha ari andika taja kagila wawanèn mendak ti mana, he djadjaka!?”

Sarif Hidajat ènggal ngawalon: „Kaoela tedak Banisrail, indit niat njoengsi Kangdjeng Nabi, sedja nepangan Rasoelloelah.”

Barang sang Naga Jamlika ngoeping dawoeh Sarif Hidajat, poerengked ladjeng moeroengkoet awakna ngarioet lemboet, bari njambat neda toeloeng, pokna: „Hè nonoman, nja saè kaoela anoe ngaran Jamlika, sedja neda pitandang sampèan oepama kadar tinekanan iasa laksana tepang kalawan Rasoel, moegi pangdongkapkeun poedji-salawat djasad kaoela ka Nabi, karana èta teu samar deui, tangtoe