Kaca:Poesaka Soenda 1922-10-1(04).pdf/5

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

djadi tamba sakabèh anoe pinanggih siksana naraka djahanam tèa.”

Saparantos tamat tjaritana Jamlika, Sarif Hidajat djengkar deui angkat mapaj-mapaj kikisik, teu lami soemping ka sakidoeleun Esjam, ngalangkoeng enggon padoemoekan doerga, doerbiksa djeung iblis.

Barang kira-kira geus opat welas dinten angkatna Sarif Hidajat ningali hidji pandita, loempat napak kantjang ti tengah sagara. Sarta barang gok patepang, pok pandita mariksa: „Hè nonoman, sampèan saha, ti mana nja lemboer matoeh dajeuh maneuh, bandjar karang pamidangan, djeung naon nja pisedjaeun pang andika dongkap ka dieu?”

Koe Sarif Hidajat diwalon: „Kaoela ti Banisrail, ngaran katelah Sarif Hidajat, ari pang kaoela tjoendoek ka dieu, niat sedja nepangan Rasoelloelah.”

Pandita sasaoeran: „Kapan Nabi Moehamad mah geus wapat, geus lami moelih ka Kalanggengan. Djadi ana kitoe andika teh boga karep anoe djero pisan. Ajeuna mah langkoeng saè sareng baè djeung kaoela, djarah heula ka koeboeran Nabi Soelaèman, anoe ajana dina noesa itoe. Engkè sabada djarah ka dinja, nembè saè ngaladjengkeun paniatan andika.”

Koe Sarif Hidajat èta pandita ditaros: „Ari andika saha nja djenengan, sareng naha mana djol ti tengah sagara?”

Waleranana: „Kaoela tèh djelema koena, ngaran koela Afani, ti baheula boga karep rèk djarah ka koeboeran Nabi Soelaèman, itoe anoe ajana di poelo itoe, tapi welèh teu atjan laksana, lantaran halangan koe naga-naga anoe peurahna katjida maratihna. Ajeuna kaoela pang balik deui tèh arèk nèangan tarèkah pitambaeun geusan nawakeun peurahna naga, atawa sarat sangkan èta naga sarèrè oelah ganggoe ka kaoela soepaja koela bisa handjat ka èta koeboeran.”

Satoetasna anoe sasaoeran, oedjoeg-oedjoeg djol baè Jamlika datang ka dinja, nja èta naga anoe kapendak koe Sarif Hidajat kapoengkoer tèa, sarta omongna: „Kaoela anoe pibisaeun noeloeng andika tèh, dapon dibèrè nginoem soesoe baè saseubeuhna, engkè tina tjeuli kaoela bakal aja kantèh anoe bidjil, tah èta pisarateunana noe matak tawa kana peurahna sakabèh naga.”

Pandita Afani soeka boengah tanpa tanding, ladjeng njandak soesoe tiloe sangkoe, sok dipaparinkeun ka Jamlika. Harita kènèh Jamlika mabok, sarta kantèh anoe kaloear tina tjeulina ènggal koe Afani ditjandak.

Ti dinja pandita Afani angkat napak kantjang deui ngambah sagara diiring koe Sarif Hidajat, sarta teu aja sakara-kara wiloedjeng saroemping ka noesa tempat makamna Nabi Soelaèman tea. Barang saroemping ka tjaket paèsanana, atra katingal K. N. Soelaèman, soemarè dina katil, ngempoer hibar tjahja: pameunteuna, matak sèrab mata hèbat anoe ningal. Pananganana sabeulah kana tekoena sabeulah deui disidakepkeun. Sorot lèlèpèn anoe dianggo, anoe disèboet „tjingtjin mamloekat” moeroeb moebjar matak njaangan ka sakoeliahna, tjahja noendjang ka kalèr ka kidoel.

Sotja anoe goemebjar lir ngagiler maparin isarah, njingkahkeun anoe soetji galih, oelah sakolih djeung noe salah sèrong manah.

Sabot Sarif Hidajat neuteup lajon noe soemarè, Afani tandang ngodjèngkang rèk maling tjingtjin, sareng tjameti anoe soemanding dina paèsan. Tapi sapada harita tjingtjin tèh medalkeun gelap, ngadjegèr njamber Afani noe djoelig ati. Leboer adjoer djadi leboe Afani ngemasan pati. Atoeh Sang Anom Sarif Hidajat kabawa tjilaka kahèmbos gelap, nepi ka kepetjatkeun kana mèga. Andjeunna djoemerit sadjeroning galih, tobat njambat ka Pangèran, tina teu oeninga kasarad pandita sasab. Kersaning Kang Maha Soetji, andjeuna ragrag kana poentjak hidji goenoeng, ninggang ka tjaket tempat hidji pandita anoe keur tatapa, njandingkeun sahidji kendi mirah woeloeng, goemilang tjahjana terang.

Ènggal Sarif Hidajat ka Sang Pandita oeloek salam, bari mariksakeun kendi naon èta noe disandingkeun kae andjeunna.

Koe Pandita ditjarioskeun jèn andjeunna teu oeninga, sabab ti barang soemping tatapa di dinja, èta kendi geus njampak.

53