Kaca:Poesaka Soenda 1922-10-1(04).pdf/6

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

Saoer Sarif Hidajat: „Tjobi koe sampèan pariksa èta kendi, ti mana asalna pang aja di dieu.”

Noe Tapa ngawangsoel: „Di mana teuing aja kendi bisa ngoetjap tjara djelema. Mangga baè koe andika pariksa ari iasa mah!”

Koe Sarif Hidajat èta kendi dipariksa, dawoehanana: „Hè kendi, manèh tèh ti mana nja asal, djeung koemaha noe matak aja di dieu?”

Kersaning Allah èta kendi ngawangsoel: „Koeala kendi ti sawarga, nganti Toean, ti kapoengkoer kaoela ngantosan, ti djaman Nabijoellah Enoh kènèh. Mangga ieu tjai eusi koela geura leueut!”

Koe Sarif Hidajat kendi ditjandak, ladjeng tjaina dileueut, namoeng teu kantos sèèp, sok baè diteundeun deui.

Kendi tèh njoendoel pioendjoek: „Koe margi tjai teu kantos sèèp dileueutna koe Toean, èta djadi totondan jèn isoek djaganing pagèto poetra poetoe Toean ngastana kakawasaan bakal kaselang koe anoe lian.”

Sarif Hidajat ngadangoe pihatoer kendi kitoe, ènggal kendi ditjandak ladjeng tjaina dileuleut deui.

Kendi teh pok oedjoekan deui: „Hè Nonoman, lantaran Toean ngaleueut dipondo deui èta djadi tawis, poetra poetoe kaselang asor, tinakdir Jang Widi kersaning Pangèran, amoeng tiba loemoenggoeh kaboepatian, margi tjai aja kantoenna saeutik.”

Saharita kènèh kendi moemboel ka langit les teu katingali, leungit tanpa lebih ilang tanpa karana.

Anoe tatapa tèa hookeun teu ngoetjap sakemèk hèmeng galih, ningali tingkah pari polahna kendi miwah Nonoman noe nembè soemping.

Saingkarna kendi ti pajoeneun, Sarif Hidajat oeloek salam ka noe tapa, ladjeng djengkar neraskeun pelenganana.

Salikoer dinten antawisna bèh di langit andjeunna ningali sahidji istri geulis kawanti-wanti èndah kabina-bina, tjarèk dina babasan tèa mah, ngagandeuang angkat ngawang-ngawang. Sarif Hidajat tjoemeloek, ngagentraan istri noe ngalajang katingal, dipariksa istri ti mendi, sakalian andjeunna moendoet pitoeloeng, neda dipangnoedoehkeun ka mana djalanna, brasbrasanana geusan angkat ngoengsi Nabi.

Namoeng istri djongdjon tonggoj baè angkat, teu mirosèa ka anoe mariksa.

Sarif Hidajat toemarosna henteu mindo.

Teu lami bèh atra deui tjahja montjorong di awang-awang, awas njatjas katingalan, satria nonoman kasèp, lir roepi boelan poernama sorot montjorong tèmbong. Koe Sarif Hidajat ditaros deui tjara toemaros ka istri noe tadi tèa saoerna: „Hè djadjaka anoe linoehoeng, andika anoe ti mana, sareng moega aja pitandang kersa maparin piterang, toedoehan djalanna geusan koela doemeuheus ka Nabi.”

Tapi nja tjara tadi baè, djadjaka tèa ogè teu miroséa.

Harita ngèng aja soara nongtorèng karoengoe, oengeling wartining Goesti: „Hè Nonoman, oelah mantjat tjtpta èta manawa salira tjatjan oeninga, moenggoeh istri anoe tadi, èta njatana doenja, ana salira kagèmbang kasarad èta, sinigeg poegag nja lampah, pasedjaan tan wandè moal laksana, njatana moal papendak lan paniatan andika. Ari djadjaka anoe katingal tèa nja woedjoed Iblis ginelar. Oepama èta marinan pitoedoeh, djadi gogoda rantjana, andika wandè moengkoer ti Goesti, nja padjaoeh ti Rasoel, mi lain anoe sajakti, mi enja noe tanpa goena!”

Sarip Hidajat soemoedjoed ka Wangsit Jang Manon, angkat kaloenta-loenta, tjoendoek ka nagara para Djin. Katingali nagri moeroeb moebjar hoeroeng hèrang, resik koe keusik angkik, batoe mirah djamroet woeloeng, permata inten bidoeri, tja..na ambar kostori, sanget sengit ngadalingding. Goenoeng-goenoeng ngadjoenggiring, djirimna emas sinangling, kakajon, salaka moebjar, djoekoetna boeloedroe aloes, èndah taja papadana.

Sarif Hidajat ngaraos hèbat ninggali kamoeljaan nagara. Barang Ratoe Djin ningali ka anoe soemping, hormat tadim pangangkenna, njambat ngadjak barang toeang, ngadjagrag disajagikeun doekoeh woeloeng, ganas biroe, sareng pirang-pirang warna boeboeahan ngagarèndang aramboetjoej. Di dinja Sarif Hidajat

54