Kaca:Poesaka Soenda 1922-10-1(04).pdf/7

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

nembè kersa, barang toeang, saparantos aja soara anoe miwarang, teu saè nampik redjeki pangasih goesti.

Satoetasna barang toeang, Sarif Hidajat ngawaler pamariksana Radja Djin, jèn andjeunna tetep antebing tèkad, pasedjaana ngilari Rasoelloelah.

Koe Radja Djin ditjarioskeun, jèn oepami hojong tepang sareng Nabi, kedah toemoet moendoet pitoedoeh, toeh ka noe toenggang koeda tetegaran di langit, nja èta pisan anoe djenengan Nabi Hidir tèh.

Sakèdat nètra noe toenggang koeda tèh moesna.

Di dinja Sarif Hidajat kènging deui wahjoe ilapat nongtorèng soara gaib, wangsit Kiraman Katibin: Njatana loka èta, lalangsè koemèndoeng asri, tempat gapoera moelja, kadang kala matak njasab kasasar, noe bingoeng tangtoe kasaroeng. Para nonoman mangkana waspada, tigin ati-ati, jatna manawa kasarad lampah, toemindak ing tempat gelap. Kana tempat peteng dedet, enjaj-enjaj sorot tjahja, gedèna saliang djaroem.

Sarip Hidajat dièmoetan koe pitoedoeh, jèn waktosna netepan soeboeh.

Sabadana geleboeg angin poejoeh lilimboengan, Sarif Hidajat latlatan katebak topan, njaj tiahja tandingan ramboet, sorot sinar ngeplak mantjoer, tjaang sakoeliah boeana, les kalenger Sarif Hidajat teu èmoet. Barang goegah soedjoed ka Jang Widi, sarta teu lami bèh tepang djeung Nabi Iljas, sok maparin raksoekan, rap dianggo, ngan tiba sasrek salira.

Ti dinja angkat deui, nja soemping ka patempatan geusan noe lampoes koe sabilloelah, kasondong sadajana ngagaleubra keur koelem, koelem tibra samemena, goegah-goegah bral pasiar, naritih koeda samparani, soemping brak bararang toeang.

Di dieu ogè Sarif Hidajat diangken dieugeuh-eugeuh, dipoepoedjoehkeun soesoegoeh.

Ti dinja pamitan angkat, satoetasna kènging wartos jèn tinangtos moal lami deui tinekanan laksana anoe disedja patepang djeung Rasoelloelah.

Andjeunna ningali paksi wilis, sarta teu lami bèh katingali Nabi Hidir rawoeh nitih koeda raspati, sasoempingna oeloek salam ka Sang Anom, sok masihan sahidji boeah sorga, sapertos anoe baheula geus ditoeang koe Kangdjeng Nabi Enoh tèa.

Koe Sarif Hidajat ditoeang, nimat taja tanding, boeah ngandoeng sèwoe raos, soemarambah rasana kana salira, soemerep ngaroeat tjahja, soeroep loemoengsoerna enoer.

Saparantos tarapti Nabi Hidir djengkar. Sarif Hidajat teu kantoen, ngabioer ngambah wiati, itjal rasa pantjadria, djog soemping ka masdjid agoeng, babahan mirah woeloeng araloes, njondong moengpoeng para agoeng, malaikat miwah para wali, arwah iman sabilloelah arwah moemin para nabi, berdjamaah sadajana.

Harita di dinja toetoegna maksoed, Sarif Hidajat kenging pawarta: „Hè Hidajattoelah, mangka waspada andika masing oeninga, nja èta njata djatina Nabi Moehamad!”

Sarif Hidajat ènggal badè soedjoed majoen ka Nabi Moehamad. Namoeng sanalika èta tjinegah koe anoe aja, jèn teu meunang soedjoed ka papada anjar, anging ka noe sipat kadim, soedjoed ka Allah Taala. Sarta di dinja Sarif Hidajat ganti kakasih, Sajid Kamil ginelarna. Dibaroeng koe toemoeroenna woeroek ing loehoeng, lapad Lailahha illeloh, njatana pati teu aja, soekma Sajid Kamil èta, satata tahapan daradjatna, kalawan wali oetama, nja soekma Kamil nja Allah.

Sajid Kamil moendoet sapaatna Rasoel, sangkan jasa nangtajoengan bandèrana kanabian. Kangdjeng Rasoel harita ngandika: „Masa Allah taala rabbi, karidhanning Allah salira andika.”

Sajid Kamil didawoehan goegoeroe anteb mandakawan ka goeroe loehoengna goeroe, karana andjeunna baris djoemeneng Chalifah Rasoel.

Satoetasna Kangdjeng Rasoel sirna moesna tina tingal, Sajid Kamil loenta kana mèga, loemoengsoer ka alam lahir, djoeg soemping ka Radja Djoemir, anoe keur noedjoe rioengan gempoengan, sareng para oelama pandita. Gèhgèr goejoer wirèh ngadak-ngadak peuting, peteng dedet poèk moengklèng boeta rata.

Nja Sajid Kamil di dinja didjoengdjoeng diagoeng-agoeng disoegoeh

55