Kaca:Poesaka Soenda 1922-10-1(04).pdf/8

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

dieugeuh-eugeuh, moeng teu lami ladjeng moelih ka Banisrail, nepangan iboe anoe kapoengkoer dikantoen.

Kangdjeng Iboe langkoeng-langkoeng soeka kalboe, ningali poetra geus rawoeh, diparios koengsi henteuna doemeuheus ka Rasoelloelah, malah dipoendoetan naon minangka olèh-olèhna.

Sarif Hidajat oendjoekan ngadadarkeun soegri anoe parantos karaos salakoe-lakoe kapoengkoer teu aja anoe kalaroeng, ditètèk naon noe kapendak di Bana Roekmi.

Atoeh Kangdjeng iboe Rara Satang, sakalintang bingah galih.

Lami ti lami Sarip Hidajat diperedih deui koe para bala ponggawa soepados nampa kanarpatian djadi radja ngagentos rama.

Namoeng Sajid Kamil tetep teu kersa, kapalajna baris ladjeng mandakawan ka goeroe anoe linoehoeng, njatjapkeun karana Allah.

Dina hidji dinten Sarif Hidajat pamit ka iboe, djengkar badè moenggah hadji ka Mekah, djarah ka Madinah, njandak arta panjangoean iboena rèana sarèwoe dinar, sareng tasbè sahidji. Di djalan dibègal koe sapoeloeh bangsa Jahoedi namoeng ningal soemerahna Sarif Hidajat, Jahoedi tèh toemoet anoet ditibanan Kalimah Kalih, sadajana sami ngiring moenggah hadji.

Di Mekah Sarif Hidajat djadi tjatrik Sèh Tadjoemoedin alkoebri molana Akbra, ti dinja gentos deui goeroe, ka Sèh Agoeng Ataoellahi Sjadzili, ngalap harkat djeung tapakoer, idjadjah hirah dikir. Saparantos wirid ka goeroe Maoelana Datoek Sidik di Soerandil, nja njabrang ka Noesa Djawa, loengsoer di basisir Banten, noe mangsa harita parantos Islam, nja ladjeng ka tatar Wètan nepangan Soenan Ampèl Gading, ti dinja ngètan deui ngaboedjeng Sèh Maskoer di Goenoeng Goendoel, noe maparin pitoedoeh kedah angkat deui ka Datoek Bahroel di Koedoes. Di Koedoes parantos nampi woeroek èlmoe sarèat tarèkat hakèkat sareng maripat, bablas sadaja taja noe djadi wagelan.

Namoeng Sarif Hidajat ngaraos masih toena, nja moendoet pirempag badè tatapa ngisat salira, njepi diri dina tjai. Ladjeng tapa di salebeting sagara, kalawan maoenat perbawa boeah anoe ditoeang, pasihan Nabi kapoengkoer èta.

Sarif Hidajat roeat koeat tedak Banisrail Mesir, poetoe Sjèh Djoemadilkabir, poetoe boejoet Sjèh Djoemadilkoebra, bao Sjèh Djènalkabir, tjanggah Sjèh Djenalkoebra, djanggawarèng Sjèh Djapar Sidik, oedeg-oedeg Sjèh Imam Djenalabidin, kaitsiwoer Sajidina Hoesèn, nja ari Sajidina Hoesèn tèa poetrana Bagènda Ali, wedalan Dèwi Patimah poetra Kangdjeng Rasoelloelah.

Sigegkeun anoe keur tatapa di djero tjai, njatjarioskeun salsilahna Wali-Wali di tanah Djawa.

1. Soenan Bonang.

Sjèh Djoemadilkoebra apoepoetra Maolana Samsoe Tamrès, djoemeneng pandita di Tjempa, kagoengan garwa ka poetri Tjempa, apoepoetra pameget doea nja èta Toebagoes Rahmat noe nelahna Soenan Ampèl sareng anoe kadoea Toebagoes Aliman. Ieu para poetra angkat ka Djawa sedja ngislamkeun Radja Madjapait, namoeng teu kaboel maksoedna. Moeng Toebagoes Rahmat dipaparin garwa poetri Madoera poetra Brawidjaja, nja linggih di Ampèl Denta.

Soenan Ampèl apoepoetra Molana Mahdoem Ibrahim, nja èta anoe nelah Soenan Bonang. Poetrana anoe kadoea djenenganana Pangèran Daradjat. Kadjabi ti èta aja tiloe poetra istri, Nji Gedèng Pantjoeran, Nji Gedèng Meloko, sareng Nji Gedèng Teloeke.

Anoe mawi ahirna Toeban katjepeng koe Soenan Bonang margi iboena tèh poetra Kiai Arja Tèdja di Toeban.

2. Soenan Giri Gadjah.

Sjèh Djoemadilkoebra kagoengan deui poetra anoe djoemeneng radja di Mesir, ieu apoepoetra Sjèh Sidik anoe djadi pandita di Pasèh, kagoengan garwa ka poetri Balangbangan, anoe masih kènèh boeda. Mertoeana diwoedjoek dihaben diririh-ririh, diadjak gentos agama sangkan biloek mandjing Islam, namoeng keukeuh baè nandoek, henteu oenggoet kalindoean henteu gedag kaanginan. Toengtoengna Sang Ratoe Malik bendoe ka mantoe, Sjèh Sidik ditibanan hoekoem ratoe, ditoendoeng

56