Kaca:Poesaka Soenda 1922-10-1(04).pdf/9

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

salira nandang diboeang, kapaksa pasah ti garwa, anoe noedjoe eukeur ngandeg bobot geus katiloe sasihna. Henteu katjarioskeun deui anoe aja di pangboeangan, kotjap garwa noe dikantoen di nagara parantos dongkap ka mangsana babar, brol poetrana pameget moeloes, namoeng anoe djadi èjang wera teu aja soedana, teu aja pisan rasrasanana, lantaran ngèwa tjoea ka mantoe, ka poetoe ogè soengkan ningal, tèga kapatipatina, nepi ka saharita kènèh loeng poetoe dipitjeun ka sagara, nimbalan ka kapertjajaan. Namoeng kersaning Yang Widi, sang baji waloeja teu sakara-kara, ngangkleung kabawa-bawa koe lambak, kasoeroeng-soeroeng koe aloen, kasarahkeun ka darat tanah Samarang. Kaleresan njangsang di kikisik kapendak koe hidji istri, anoe geus mandjing agama Rasoel, nampi wirid ti Soesoehoenan Ampèl Denta, djenenganana Nji Gedèng Panatian. Ladjeng baji ditjandak dimoemoelè dihadè-hadè, dikoekoet diangken poetra, didjenenganan Bagoes Semoedra. Moerangkalih loeloes moeloes teu aja koetjiwana, toemoet kana woeroek sepoeh, djoedjoer kana pangadjaran. Sanggeus ageung jadi santri kakasihna Soenan Ampèl.

Samoelihna ti Arab moenggah hadji sareng Pangèran Bonang, nja makoewon di Giri Gadjah, ngabawah Sidajoe katoet sareng Balangbangan, koe margi noemoetkeun warisan ti iboe margi iboe tedak Balangbangan tèa.

3. Soenan Koedoes.

Soenan Ampèl Denta kagoengan poetra istri, djenenganana Nji Gedeng Pantjoeran, kagoengan raka ka Soenan Oedoeng, anoe poetraan pameget nja anoe djoemeneng Wali di Koedoes.

4. Soenan Kali Djaga Oeloe.

Soenan Kali Djaga tedak Sjèh Aswa, roendajan Sjèh Djoemadilkabir. Demi Sjèh Djoemadilkabir apoepoetra Arja Sadik, djoedjoeloek Aria Toeban. Aria Toeban apoepoetra Radèn Arja Toemenggoeng Wilatikta, ari Radèn Arja Wilatikta apoepoetra Radèn Sahidoen, nja èta anoe ahirna nelah Soenan Kali Djaga tèa.

Nalika djadjaka kènèh kakongas katelengesanana andjeunna ngarandapan djadi bègal, digelar djelema djahat.

Pareng dina hidji mangsa keur megat anoe ngaliwat; lar ngalangkoeng Soenan Bonang, ènggal dihalang di tengah djalan dibègal dipoendoet oemoer, malah getihna baris Jadjeng dileueut. Koe Soenan Bonang ditadah koe sadrah, pasrah soemerah koemaha karsana, bègal diparinan terang jèn andjeunna mah henteu pidoenja, dalah leuweung alas bandawasa anoe di gèdèngeunana, barina ditoedoehkeun ka ki Bègal, jèn èta sadaja emas salaka. Barang ditingal koe bègal, tètèla kakajon di leuweung marakbak ngadjadi emas sadaja.

Ki Bègal babalik pikir, sedjana ngaleboer tapak, geus soemping ka Bonang, soedjoed tobat ka Sinoehoen, ladjeng andjeuna sataoen lamina disepi di djero taneuh, satoetasna salira dilokat, dipeuseuh koe sarat panjeuseuh, nembè ditibanan sahadat Kalimah Kalih.

Ti dinja andjeunna bioer ngalalana, mileuweungan migoenoengan, sataoen di lebet tapa, nja loenta ka tanah Malaka, tapa kènging tiloe sasih. Toetoegna lakoe andjeunna madèpokan di sisi waloengan (kali) nja nelah Soenan Kali Djaga, toemoet tempat panglinggihan, wangi-toeg tepi ka kiwari.

Toetoeranana anoe kakotjap, aja opat sadajana Wali anoe dibabarkeun di Poelo Djawa, nja èta:

  1. Soenan Kali.
  2. Soenan Koedoes.
  3. Soenan Giri Gadjah.
  4. Soenan Bonang.

Ari anoe opat deui dibabarkeun di tanah sabrang. Ieu bèrèndèlanana:

  1. Sèh Madja Agoeng.
  2. Maolana Maghrib.
  3. Sèh Betong.
  4. Sèh Lemah Abang

Demi Wali anoe ka salapan nja èta Soenan Goenoeng Djati, wedalan ti tanah Arab.

Satoetoegna Sajid Kamil njatjapkeun tapa di djero tjai, enggalna andjeunna djengkar ka Ampèl, kempel sareng para Wali sadaja.

Koe Soenan Ampèl diatoer sareng diperenahkeun, pigeusaneun para wali tjalik njebarkeun pangadjaran agama,

57