Kaca:Poesaka Soenda 1922-11-1(05).pdf/6

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

nja eta si Sapoe Djagat; sareng si Santomi (Ajana di djero setinggil (paseban) di Karaton Solo; dikeben di tengah-tengahna. Sapoe Djagat oge di Solo keneh diteundeunna di hareupeun setinggil di aloen-aloen).

Tjariosna oepami ieu mariem tepoeng sareng. si Djagoer, bakal ngadeg hidji karadjaan gede.(1)

Di peuntaseun pasar baheulana aja kampoeng, ngaranna kampoeng Kasoman, noeroetkeun ngaran masdjidna, tapi ajeuna mah geus teu aja oeroet-oeroetna atjan. Paeunteung-eunteung sareng tjaringin anoe ajeuna masih aja keneh, di dinja the baheulana oeroet boemina Imam, ari sakidoeleun masigit anoe ajeuna geus moesna tea, baheulana oeroet boemi pangeran Achmad, poetra Soeltan Abdoel Moefachir Moehamad Alioedin.

Deukeut ieu waloengan aja djalan anoe bras ka Pontang, anoe ngan tinggal ngaranna bae djalan soteh, da parantos teu beunang-beunang atjan diliwatan, tina tara ditjabak geus tara dipiara. Baheulana mah ieu teh oeroet djalan loeloegoe, katjiri dina pal-palna annoe aja di sisi djalan.

Teu tebih ti pasar, Karang Hantoe aja oeroet Benteng baheula, ngaranna benteng Speelwijk, pernahna deukeut moeara Tjibanten.

Nalika Toean Besar Idenburg ngasta kakawasaan di Hindia, ieu tilas benteng diomean. Dibabad tatangkalanana, sarta saladjengna dipoelasara dihade-hade.

Ieu benteng diadegkeunana dina taoen 1685. anoe sanggeusna anggeus dingaranan Speelwijk, kawasna ngalap dienenganana anoe djadi toean besar harita, nja eta Toean Besar Speelman. Ieu benteng teh tadina nja goedang, nja tangsi, nja boemi pangagoenga, ngahidji bae di dinja. Dina taoen 1802 ieu benteng diparios koe Toean van JJsendjik nja harita oge geus raroeksak. Kadjaba sawareh-wareheun anoe kapendak rada hade keneh.

Iraha ieu benteng ditingalkeunana koe bangsa Walanda, teu aja katrangan anoe pasti, ngan kawas-kawasna dina djaman Toean Besar Daendels.

Sawetaneun ieu benteng aja koeboeran Walanda, anoe ajeunana mah dipoelasara deui. Sakalereunana ajia lingga setra (graf monument), anoe dikoeboer di dinja kawasna soldadoe-soldadoe anoe maraot waktoe eta benteng aja noe nempoeh, da ari toelisanana mah teu aja, sapertos koeboeran anoe sanes.

Teu djaoeh ti tilas benteng beulah kidoel, aja kelenteng anoe adeganana beleger keneh, di djerona aja Tapekong anoe mashoer pisan, tepi ka ajeuna masih keneh sok dipoendjoeng-poendjoeng, beurang peuting ngeboel bae koekoes, sareng teu kendat teu towong, koe koentjenna di djaga dikemitan.

Di sakalereun kelenteng baheulana aja pabejan kagoengan soeltan. Nja di lebah dinja pisan mimitina bangsa Walonda, njaeta toean Houtman, dina taoen 1596, nintjakeun dampal ngoenggahan darat poelo Djawa, noe djadi bibit kakawasaan koempeni. liar njaliara ka sakoeliah Hindia.

Sakidoeleun kelenteng dina sisi djalan kareta api, aja tilas masdijd, baheulana (didinja teh) diseboet “patjinan tinggi” ari ajeuna mah ngan kari oeroet moenarana bae katingal keneh di tengah-tengah noe bala. Baheula mah eta moenara teh loehoerna kira-kira aja 12 Meter, direngga-renggi koe roepa-roepa papaes.

Ti dieu aja djalan ka Tasikardi. (Tasik hartina sitoe atawa talaga, ardi hartina Goenoeng) njaeta pasanggrahan, tempat kalangenan Soeltan Ageng. Djalan ka Tasikardi teh ngaliwat hjdii adegan, ngaranna Pangindelan hartina saringan, anoe diadegkeun taoen 1701. tjai Tasikardi dikotjorkeunana ka Kota Inten djeung ka Benteng Epeelwijk tea, make solobong timah. Di djerona ieu pangindelan ngagolendang dipalester. Bedjana koe Soeltan Pangeran Ratoe, di dinja the dianggo panjitakan doeit tamaga, noe doeitna make tjap Pangeran Ratoe.

Kira-kira sakilo Meter djaoehna ti pangindelan, djol datang kahidji Sitoe pasagi anoe lega pisan, pandjangna kira-kira


(1) Djagoer teh basa Kawi hartina peureup. Anoe matak ieu mariem diseboet si Djagoer, kawasna pedah dina poehoena deukeut pasoemboena aja anu njohtor dibangoenkeun leungeun keur meureup.

S.d.R.

70