Kaca:Poesaka Soenda 1922-11-1(05).pdf/7

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

doea ratoes Meter, nja ieu anoe ngaran Tasikardi teh; Di tengah-tengahna eta sitoe, aja noesa sakoerilingna dihambaro koe tembok, anoe loehoerna 2½ Meter, nja di eta noesa tea ajana pasanggrahan kalangenan Soeltan Ageng teh.

Tjaina ieu Tasikardi lian ti inoemeun oerang dajeuh, nja eta baris njaian sawah-sawah noe dareukeut ka dinja deui.

Ti Tasikardi aja djalan noeteroes ka kampoeng Kanari; nja eta ka pakoeboeranana Soeltan Abdul Moefachir Machmoedi Abdul Kadir. Ieu makam deuk meh tjara makamna Maulana Joesoef. Dorana ngabangoen potongan Hindoe.

Sakoemaha anoe parantos ditjarioskeun di loehoer, jen mimitina mah teu aja noe tiasa nerangkeun pernahna patilasan Kota roeboeh mah, namoeng ari, ka beh dieunakeun mah nja kenging oge bongbolongan.

Noemoetkeun karangan Dr. de Haan dina boekoena anoe ngaranna "Priangan", ditjarioskeun jen kawasna eta Pasanggrahan teh ajana di Tirtajasa, tapi noemoetkeun saoerna Kangdjeng Dalem Serang, sareng kateranganana Dr. Hoesein Djajadiningrat, kawasna geus moal salah deui, jen Kota roeboeh teh ajana di Kampoeng Kanari.





WAJANG.

(Beunang njoetat tina boekoe karangan Toean J. Kats).


I.


ASAL MOEASALNA WAJANG


Oepama oerang hajang njoektjroek asal moeasalna wajang, lian ti mapaj padalangan anoe masih keneh ilahar gelar ajeuna, taja deui djalanna anoe langkoeng perjoga lkadjaba ti koedoe ngoengkab kitab-kitab djeung boekoe-boekoe baheula anoe eusina njabit- njabit kana bab eta.

Dina serat-serat koena anoe parantos kapendak, make titimangsa taoen A.D. 860, di dinja kaoengel aja omongan DJOROEBARATA, anoe hartosna: DALANG, moeng ari katrangan anoe neterakeun lalakon mah di dinja teh teu aja.

Anoe langkoeng tetela raratanana kaoengel dina wawatjan ARDJOENA WIWAHA anoe ka wentar pisan kasaeanana, anoe dikarangna dina wiwitan windoe ka sawelas, djaman AIRLANGGHA djoemeneng Radja. Kieu pisoendaeunana :

"Rea anoe moeroeboet tjjsotja anoe naringali wajang mah, tina ngangres manah kagagas, kasoeat koe panjoerahan, nadjan noe ningal pada tarerang oge, jen eta mah anoe atra koe sotja teh, ngan oekoer koelit toehoer beunang ngoekir, dipetakeun bisa ngoetjap tjara djalma. Moenggoeh koe anoe naringal, wajang teh dieunteupkeun kana oepama, ka djelema anoe kasengsrem koe doenja, anoe pada baroga pangira reudjeung panjangka, sarta boeta moena teu oeninga, jen anoe goemelar awas koe tingal tea, ngan oekoer wawajangan woengkoel, sindir silib ti noe estoe sadjatina".

Dina serat Djawa koena, anggitan dina windoe eta keneh, nja eta dina tjarios TANTOE PANGGELARAN, aja katrangan anoe oengelna, Batara Siwa, Batara Brahma sareng Batara Wisnoe, ti Kahijangan pada loemoengsoer ka boeana pantja tengah ladjeng sadaja ngawajang (AWAJANG NIRA). Ari ngawajangna teh nja nganggo kekelir (MAKELIR SIRA). Koelit inoekir anoe djadi wajangna (WALOELANG INOEKIR MAKAWAJANG NIRA).

Dina tjarita anoe dikarang heulaut sawindoe ti harita, kapendak deui katrangan wajang teh, malah di dinja mah disebatkeun parantos dibaroeng koe gamelan (tatabeuhan). Nja eta anoe kaoengel dina sahidji pada piwedjang didangding Wrettasandjaja anoe titimangsana kira-kira dina tengah windoe ka doea welas. Nomoetkeun salinan Toean Prof. Kern kieu oengelna:

71