Kaca:Poesaka Soenda 1922-12-1(06).pdf/1

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
No. 6
Tahoen ka 1
December 1922

POESAKA-SOENDA

DIKALOEARKEUN KOE PAGOEJOEBAN

:-: JAVA-INSTITUUT  :-:

Anoe djadi Redactie: Dr. R. A. HOESEIN DJAJADININGRAT
J. KATS, M. SOERIADIRADJA

TOEDJOEL SERAT : - GOENOENG SARI 84. – WELTEVREDEN


Eusina nommer 6

1 Wajang katja 81
2 Babad Padjadjaran " 83
3 Kagegelan ti M. Ardiwinata M. G. Madjalaja " 86
4 Paririmbon " 89
5 Sair Soenda " 91
6 Goegoeritan Tjitamiang Soemedang " 92
7 Wawatjan Siliwangi " 92
8 Artos langganan " 95


W A J A N G
Beunang njoetat tina boekoe karangan toean J. Kats

II.

Asal-asalna djeung wandana lalakon wajang.


Baheula di tanah Hindoe geus djadi adat, lamoen aja radja anoe rèk njoegoeh, sasadjèn gedè ngorbankeun koeda (paardenoffer), ti pisataoeneun deui kana prakna, oenggal poè teu aja kendatna koedoe baè moengpoeng anoe poepoedjian kakawihan, ngalap berekah para Dèwata djeung para loeloehoerna anoe katjeloek lalepoes.

Poepoedjian djeung kakawihan kitoe tèh, lian ti dina sasadiaan pikeun sasadjèn gedè tèa, nja dina gawè sèdjèn ogè radjeun digedèkeun. Saperti oepama aja anoe kapapatènan, koelawarga djeung sanak kadang anoe ninggal tea, sok rioeng moengpoeloeng di handapeun kakajon anoe ijoeh, ngaradon poepoedjian kakawihan dibaroeng koe biantara tjarita lalakon anoe baheula, maksoedna silih beberah silih leledjar sangkan palèr ka noe tilar. Bintara tjarita koena tèa disareboetna: itihasa; âkhijana; poerana. Tapi ari dina tarèkah toelak bala mah lain kitoe petana, ieu mah koedoe mangkoe hawoe ka loear, der mariroeha ngadadak mariroen seuneu, ngalingkoeng ngepoeng noe ngeloen sapiri-oempina, bari teu rèpèh ngarawih, poepoedjianana itihasa djeung poerana tèa, silih tèmpas silih tèma, tarabah djeung lalantjar pisan.

Koe lantaran kabiasaan anoe kitoe, èta djadi panarik kana rekah tambah nerekabna djeung kana hiroepna tjarita djeung dongèng-dongèng, nepi ka dina alam Boeddha — 500 taoen samèmèh K. Nabi Isa — rèana tjarita noe biasa djadi katjapangan harita, tanpa wilanganana, aja anoe

81