Kaca:Poesaka Soenda 1922-12-1(06).pdf/3

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

Koe sabab èlèh pelit èlèh litjik. Pandawa lilima nja élèh, tepi ka moeloentoe ngagilintjing pisan, geus soemawonna banda, radjakaja tatah-wadoeng poesakana tèa, dalah kamerdikaan silirana ogé, sèèp sadaja dianggo toempang. Nja sasadèrèk-sadèrèk koedoe ingkah ti nagara. Doea welas taoen lilana poetra Pandawa pating alasroek lantaran di boeboerak koe misanna.

Katiloe-welas taoenna Poetra Pandawa njalalamoer, masrahkeun salira koemawoela ka Radja Wirata, anoe ngerèh karadjaan Matsija.

Satoetoegna nyalakonan hoekoeman, anoe dianggo toempang ngaben tèa, Poetra Pandawa nagih waris, mènta poesaka nagara sabeulah ka Doerjadana. Lantaran henteu dikaboel panoehoenna, welèh teu beunang dibèbèrès, nja toengtoengna der perang. Dalapan welas poè lilana Pandawa njekel saboek milang tatoe lali rabi tegang pati ngajonan oerang Korawa, nepi ka moesoeh anoe miloe perang poepoeh tjarem sadajana, Korawa kadèsèh; oerang Pandawa oenggoel perangna toeloej Goedhisjthira (Semihadji) didjoengdjoeng loenggoeh njepeng kakawasaan nagara.

Doepi éta lalakon Mahabarata tèh sakoemaha anoe parantos ditjarioskeun tadi, èstoe tjarios pandjang pisan, djadi dalapan welas boekoe anoe karandel, anoe dingaranan Parwa, sadajana dieusi 100.000 (saratoes rèboe) padalisan.

Eta tjarita anoe sakitoe pandjangna tèh, ditambah koe sosompang djeung sempalanana, toeroen-toemoeroen natrat teu aja kendatna, tibaheula tepi ka ajeuna pisan.

Dina boeboekana èta boekoe-boekoe tèa, aja saoer noe ngatoerna kieu oengelna:

„Soegri anoe miroetjaan ngadangoe ien lalakon, tanwandè itjal tingalna tina tjarita noe lian, katoengkoel koe pangiroetna iketan bagbagan tjarita Mahabarata noe nembè njèrep soeroep kana pangroengoe, lir djalma noe kagendam koe ngelakna soara (titiran), ana kasorang kaselang koe sora sakadang gagak, njiliwoeri ngiring ngadjombali, rasa resag sareukseuk asa raroengseb”.

Tah sakitoe diloehoengkeunana dipoendjoelkeunana tjarita Mehabarata tèh koe oerang Hindoe ti djaman boehoen kènèh. Demi anoe djadi panambah sesembèn tjarita Hariwangsja diseboetna, saperti lalakon-lalakon Kresna, ieu ogè lain loemajan. (Kokila tèh manoek, moen di oerang mah titiran anoe disadana katjida dipikaresepna, lantaran sorana soeroep kana lelemboetan, bèdjana aja teroesanana kana élmoe roetjalan raga).

Demi parèlèanana eusina èta anoe dalapan welas parwa tèh njaritakeun lalakon-lalakon anoe ditataan ieu di handap.

  1. Babad koena. Lalakon Pandawa sareng Korawa eukeurna pada nonaman...Adiparwa
  2. Lalakon Pandawa kataradjang bahla nandang sangsara... . Sabhâparwa.
  3. Lalakon poetra Pandawa di pangboeangan .... Wanaperwa sareng Wirâtaparwa.
  4. Lalakon anoe ngalantarankeun djadi perang gedè .... Oedijogaparwa.
  5. Lalakon pèrang Baratajoeda ....Bhismaparwa; Dronaparwa; Karnaparwa; Sjaljaparwa; Sauptikaparwa; Strîparwa; Sjântiparwa; Anoesjasanaparwa.
  6. Panoetoep .... Asjwamedikhaparwa; Asjramawdsikaparwa; Mausalaparwa; Prastkanikaparwa; Swargarohanakaparwa,

Aja samboenganana.



Babad Padjadjaran

Tjoektjroekanana anoe nganjatakeun kaajaan sareng perenah-perenahna karadjaan di tanah Pasoendan djaman baheula, tepi ka ajeuna teu atjan aja anoe tiasa mastikeun pisan. (Tingali P.S. No. 5).

Soepados djadi timbangan ka sadaja anoe maraos Poesaka Soenda, kaèmoet, djadi pisaèeun oepami babad anoe parantos kapendak, dipedar dina P.S. koemaha toetoeranana moemoetkeun panaloengtikna

83