Kaca:Poesaka Soenda 1923-02-1(08).pdf/1

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
No. 8
Tahoen ka 1
Februari 1923

POESAKA-SOENDA

DIKALOEARKEUN KOE PAGOEJOEBAN

JAVA-INSTITUUT

Anoe djadi Redactie: Dr. R. A. HOESEIN DJAJADININGRAT
J. KATS, M. SOERIADIRADJA.

TOEDJOEL SERAT : - GOENOENG SARI 84. – WELTEVREDEN


Pangaosna langganan Poesaka-Soenda dina sataoen ti Juli d.k. Juni ƒ 3.-
Pangaosna hidji (sadjilid) Poesaka-Soenda, ngagaleuh ngeteng " 0.30
Pangaos samboeng-lajang (advertentie) dina P.S. sakatja " 20.-
Satengah katja . . . . ƒ 12½ Saparapat katja " 7.50
dina sakali kaloear.

Oepami ngalanggan samboeng-lajang langkoeng mirah.


Eusina P. S. No. 8

1. Bab Wajang (samboengan P. S. No. 7) katja 113
2. Tjandra sangkala " 117
3. Agama Boeda panggelar Boroboedoer " 121
4. Wajang Allah " 122
5. Paririmbon (samboengan P. S. No. 7) " 123
6. Almenak taoen 1853 " 125
7. Wawatjan Siliwangi (samboengan P. S. No. 7) " 126


Bab Wajang

(Beunang njoetat tina boekoe karangan Toean J. Kats) III


Sanggeus oerang Hindoe daratang ka Djawa, lian ti agamana nja lalakon-lalakon djeung tjarita-tjarita Hindoe téa ogé diliarkeun deui ka priboemi sarta katjida dipikaresepna, lantaran karasa koe maranehanana lain dongeng bolostrong, tapi saoetjap-oetjapna pada ngandoeng sasmita aja harti kadoea leutikna. Lantaran kalindih koe bekel sémah, lalakon priboemi pitoein keuki katélér-télér, lila-lila nepi ka méh moesnahna, pindah roepa ganti warna.

Ngaran-ngaran anoe kapanggih dina lalakon-lalakon Ramajana djeung Mahabarata téa, disoeroep-soeroep dieunteup-eunteupkeun kana patempatan noe aja di Djawa. Éta sababna anoe matak di oerang réa patempatan, goenoeng atawa waloengan anoe ngaranna maké ngaran anoe kapanggih dina lalakon Hindoe téa, saperti Goenoeng Ardjoena, Kali Serajoe, Goenoeng Semeroe, dj. s. t. sarta sasakala dipasieup sina soeroep djeung di Hindoe. Malah bawaning koe hajang poeas ngakoena, poesaka sémah, nepi ka ngaran anoe aja dina lalakon wajang

113