Kaca:Poesaka Soenda 1923-02-1(08).pdf/2

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

dianggap karoehoen anoe noeroenkeun roendajan Djawa, dipaparah disoesoeroep ngarah siga aja tjorna ka radjana, babakoena diréka disina djiga Ardjoena aja di Djawa, diarakoe disareboet aki boejoet para ratoe.

Anoe mawi réa anoe akoe-akoe-angga, njeboetkeun aja karabatna ka Ardjoena, ka Darawati, ka Praboe Mandoera, babakoena hajang diseboet paranakan Pandawa, padahal lain-lain deui.

(Di Solo sareng tempat-tempat anoe sanés, dalah di dieu ogé di Pasoendan réa anoe pertjanten sarta ngangken jén radjana, dalemna, dj. s. t. toeroenan Ardjoena, atanapi toeroenan Siloeman, paranakan Djin, karepna katarik koe ngarah pamor. Ari sajaktosna mah eta anggapan sareng angkenan kitoe téh, nawoekoe ngahinakeun kana salirana koe andjeun. S. d. R.).

Doepi babakoena liarna sareng nerekabna éta lalakon Hindoe di Djawa, nja éta alam Radja Erlangga ngasta kakawasaan, dina katompernakeun windoe ka sawelas, margi nja harita disalinna tina Hindoe kana basa Djawa (Djawa-koena) éta lalakon anoe 18 parwa téh. (Tina ieu ketjap parwa, anoe saenjana hartosna bab, pasal, nja robah sorana djadi paroewa, ti dinja robah deui djadi poerwa, dihartianana djati: mimiti, asal, baheulana. Anoe mawi ajeuna aja basa wajang poerwa, dihartian wajang koena, wajang baheula.

Lian ti koe dilalakonkeun tjarita Ramaijana téh digelarna djeung diliarkeunana di dieu, nja éta koe diwoedjoedkeun dina tjandi-tjandi deui, saperti tjandi Prambanan anoe diadegkeunana kira-kira dina windoe ka salapan, dina tjandi Panataran di tjaket Blitar. Soepados kaoeninga toetoeranana anoe leres ajeuna oerang wajangkeun lalakon Ramaijana teh. Awit tjarioskeun:


I Radja Dasjaratha

Dasjaratha teh radja agoeng toer linoehoeng, nagarana di Ajodhja sakaléreun waloengan Gangga tanah Kosjala, di boeana Hindoestan.

Koe lantaran andjeunna teu kagoengan poetra, nja ladjeng ngaroeat andjeun koe korban-koeda (paardenoffer), noemoetkeun talari Hindoe harita.

Harita para Déwa noedjoe menekoeng siang wengi neneda soepaja Wisnoe loemoengsoer ka alam lahir, baris ngajonan Rahwana anoe salamina nghihileudan sareng ngaganggoe ka arandjeunna, tina Déwa-déwa geus ngaraos tétér njangga karosaanana éta Rahwana, anoe sakitoe ngoembar napsoena.

Wisnoe ngaboelkeun panoehoen para Déwa, nja loemoengsoer djadi poetra Dasjaratha anoe kakasihna Rama tea. Noemoetkeun agama Hindoe, Wisnoe téh loengsoerna ka doenja geus sababaraha balikan. Nitisna ka lahir lain ngan mangroepi woedjoed djelema baé, tapi noemoetkeun kaperloean doenja pikeun roemaksa ka para mahloek dina saalamna-saalamna. Ti barang goemelar doenja geus nitih 4 djaman, nja éta 1 Djaman Kreta, 2 Djaman Treta, 3 Djaman Dwapara-joega djeung djaman ka-opat noe ajeuna keur kalampahan koe oerang, nja éta Djaman Kali-joega. Dina éta opat djaman Wisnoe téh geus nitis kana: Laoek, ka Koeja, ka Bagong, ka Djelema-Singa, (man-leeuw), ka djelema tjabol, ka Batara-Rama-njandak-pitik, ka Batara-Rama poetra Radja Dasjaratha, ka Batara Kresna djeung ka Sang Boedha. Engké dimana ieu djaman Kalijoega, nja éta djaman kalangkaboet (djaman edan, saoer Ronggowarsito mah. S.d.R.) toetoep geus kaliwat, Wisnoe téh bakal loemoengsoer deui, toenggang koeda bodas, baris ngabasmi kadaliman kadjahatan ngagempoer soegri kanistaan kagorengan, digentos koe adil anoe noengtoen kana katentreman kaamanan, rapih répéh taja geusan genah kapasaran.

Sakoemaha anoe parantos ditjarioskeun kapoengkoer Dasjaratha téh ti tiloe warga kagoengan poetra opat, nja éta Batara Rama (titisan Wisnoe téa), Bharata, Lakshmana sareng Sjatroegna.

Barang éta opat moerangkalih geus arageung, ka karaton Ajodhja soemping hidji pandita, anoe kenging disébat pangrorok para poetra radja téa. Nja andjeunna anoe djadi goeroe éta maroerangkalih téh.

Batara Rama sareng Lakshmana anoe katjida kadeuheusna, arangkat ngiring Sang Resi merangan boeta denawa. Ieu doea satria koe Sang Resi dipaparin pakarang poesaka

114