Kaca:Poesaka Soenda 1923-02-1(08).pdf/3

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

noe gedé kasiatna, nja éta gandjaran wawanénna anoe parantos boekti dina waktos perang téa, soepaja baris soepagi arandjeunna ariasa deui ngalaksanakeun kasatrianana, langkoeng ti anoe enggeus-enggeus.

Dina sabot Batara Rama sareng sadérékna ngiring Sang Resi ngalakonan perang sareng boeta-boeta téa, djol arandjeunna saroemping ka hidji nagara, ngaranna nagara Widéha, radjana djenengan Djanaka anoe keur noedjoe saémbara. Ari saémbarana njaéta: Saha-saha anoe iasa mentangkeun gondéwa poesaka karadjaan, bakal digandjar poetri, poetra Sang Radja Djanaka anoe djenenganana Sita (Déwi Sinta).

Ari saenjana mah éta Déwi Sinta anoe disaémbarakeun téh, sanés poetra tjara galibna anoe dibabarkeun biasa, tapi ieu mah poetri anoe medal tina singkal woeloekoe, njaéta nalika Sang Radja Djanaka keur ngawoeloekoe di hoema, aja wahjoe toemoeroen borengkal tina singkal medal moerangkalih istri anoe djadi poetrana, didjenenganan Sita.

Parantos pirang-pirang Radja anoe ngiring kana éta saémbara, tapi teu atjan aja hidji anoe iasa laksana, nampi noegraha meunangkeun Déwi Sinta, poetri anoe geulisna pinoendjoel.

Nja ladjeng Batara Rama ngadjadjal karongkahan salira, lebet kana balabar-kawat, mentangkeun gondéwa. Barang dek dipentangkeun, éta gondewa lian ti kénging dipelengkoengkeun biasa téh, ieu mah diwengkang nepi ka dorokdok potong, sarta sorana ngageleger matak eundeur sadjadjagat.

Koe margi éta Déwi Sinta kenging koe Batara Rama, sarta teu lami Maha Radja Dasjaratha soemping ka Widéha baris ngaréndéngkeun Batara Rama ka Déwi Sinta. Péstana ramé lain dikieuna. Poetra-poetri estoe noeroeb-tjoepoe, toeroeg-toeroeg loeloes bangloes teu aja pisan barébédanana.

Namoeng handjakal réh anoe keur sakitoe roentoet raoetna téh pinanggih pakewoeh, lantaran:


II Batara Rama kedah nilar karaton.

Saparantos Kangdjeng Radja Dasjaratha ngaraos geus ninggang mangsa kana loegaj tina ngasta karadjaan, andjeunna aja kersa sésérén ka poetra, Batara Rama. Kangdjeng Radja parantos nimbalan pandita karaton anoe djenengan Wasistha, tjatjawis, bébérés, tetebah njajagikeun sapoeratina pikeun ngistrénan Batara Rama noe baris didjoengdjoeng loenggoeh mangkoe kadaton.

Nanging pinanggih pakewoeh, lantaran para tjeti para embam Déwi Kaikeji, iboena Bharata, barang ngoeping Batara Rama baris didjenengkeun radja ngagentos ramana téh, ngarasa toegenah kawoewoeh panas, ladjeng ngawoedjoek njaroendoetan ka doenoenganana, soepaja Déwi Kaikeji oendjoekan ka Maha Radja moendoet njoeparkeun kersana Radja, sarta ngangkat poetrana, nja eta Bharata téa kana djadi Ratoe anoe mangkoe kadaton ngagentos rama.

Déwi Kaikeji énggal naker gedagna kaanginan, sarta gilig jén baris mélaaan wiwirang poetra. Pikeun ngalaksanakeun kahojongna, andjeunna teu kedah ngoelajaban néangan akal, margi parantos kagoengan pakarangna anoe harita masih kénéh dikemoe, nja éta wiréh nalika Kangdjeng Radja tatoe dipangperangan, nja koe andjeunna digoegoeloeng sarta didjait tina bahja anoe kaoengkoel koe adjal, nja ladjeng Kangdjeng Radja lisan djangdji, anoe pasti, baris ngalaksanakeun doea roepa pamoendoet garwana, pamoelang tarima pamoelasarana sareng kabélaanana ka tjarogé.

Piéndjingeun pésta ngadjenengkeun Batara Rama téa, Déwi Kaikeji ladjeng ngadeuheus ka Kangdjeng Radja, oendjoekan jén andjeunna baris kagoengan doe roepi pamoendoet, sakoemaha anoe parantos didjangdjikeun dina pangperangan téa.

Kangdjeng Radja sakalintang hémeng galih, ningali garwa doemeuheus teu tjara biasa sasari, bangoen aloem kasapoet koe sedih kingkin, toeroeg-toeroeg aja pamoendoetna kitoe. Atoeh énggal disambat, sareng harita kénéh didawoehkeun, jén naon baé pamoendoetna baris disembadaan, moal aja anoe dipoengpang.

Tidinja pok Déwi Kaikeji oendjoekan:

“Hidji, njoehoenkeun soepaja Rama diboeang ti nagara, lamina opatbelas taoen.

Doea, njoehoenkeun soepaja Bharata didjoengdjoeng noeloejkeun mangkoe kadaton”.

115