Kaca:Poesaka Soenda 1923-02-1(08).pdf/11

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

Leumeung teundeut tjotjongoan, djalanna ka Radjagaloeh. Meungpeung deukeut sosonoan, djaga mah oerang padjaoeh.

Selang-selang tina ngawih dalang téh tjong njembah ka sakoer anoe aja bari ngomong: “Mangga njanggakeun!” Harita anoe nongton geus pinoeh.

Dalang the roepana katjida tjapena da tepi ka ngesang, ari moerid-moeridna sanggeus datang lila ngawihna, pada njaroeplak totopongna, sawaréh aja anoe ditjoeplak toeloej dibeubeutkeun iketna koe Ma Enéh téa atawa koe moerid anoe sédjén, sarta moerid-moerid téh (wajangna) reup pareureum bangoen lesoe.

Teu lila djoeng anoe saoerang nangtoeng réngkénék ngigel roepa-roepa tingkahna, sarta doeroegdoeg batoerna limaan atawa genepan digoesoeran ka tengah toeloej digoledagkeun.

Dalang teu eureun ngawihna, ari wajangna téa, aja anoe lalangsoedan, aja anoe djoengkir, aja anoe ngabedega baé, aja anoe ngadjapapang, aja anoe adjrag-adjragan roepa-roepa polahna, kawantoe keur kasoeroepan karoehoen téa.

Sabot keur kitoe regot-regot ngarinoem tjai rampé anoe dina djambangan gedé téa, nepi ka béak, Teu lila salah saoerang wajang téh aja anoe kakaoet tjatjakar bari kakarandangan tjara tingkah lakoe maoeng, toeloej dibéré endog hajam, teu lila golédag baé saré. Moeridna noe awéwé téa oge teu tjitjing, réngkénék deui ngigel, kakajangkangan paajang-ajang doeaan bari metakeun karembong, tapi teu lémék teu njarék.

Sabot keur kitoe rigidig anoe saoerang dipoenggoe koe batoerna deregdeg dibawa ka hawoe ka goah ka boeroean, ka pipir, teu lila boes deui ka imah, toeloej ngigel ririgigan bari moemoenggoe batoerna téa.

Kitoe baé petana ti soré dongkap ka méh djanari, teu aja eureunna. Nja ieu anoe diseboet ngawajang Allah koe Dalangna téh.

Saparantos réngsé kakara koe koering ditanjakeun katranganana. Kieu tjaritana:

  1. Ngawajang kitoe téh, lamoen diogan koe anoe hajang diroeat, anoe hajang salamet dj. s. t. lain pikeun kamonésan tatanggapan teu poegoeh.
  2. Waktoe dalang geus prak ngawih, karasana koe moerid-moeridna awakna djadi bareurat, djeung rada lendeng, éta sababna anoe matak hajang peureum baé. Sanggeusna reup peureum béh aja anoe katinggal, lelemboet “karoehoen” ngabelegbeg kawas kalangkang, aja ogé anoe bodas, sarta datangna ganti-ganti, aja karoehoen ti Tjampaka, ti Tjipakoe, ti Loearbatang, ti Parakan Moentjang, ti Madjalaja dj. s. t.
  3. Waktoe awéwé noe ngigel, éta Nji Sri anoe soemping.
  4. Peta moerid anoe roepa-roepa téh, pangadjak piwarangan “karoehoen” anoe soemping téa.
  5. Maoeng anoe njoeroep ménta endog téa, toetoenggangan salah sahidji karoehoen anoe harita soemping ka dinja.
  6. Djoerig djeung dedemit anoe datang atawa anoe aja di tempat-tempat anoe dareukeut, nja katinggal deui dina waktoe keur peureum téh. (Tjeuk hidji moeridna).

Kadjabi ti éta, Dalangna téh pinter pisan ngirataan ketjap, sadaja ketjap, sagala ngaran barang, diterangkeun koe kirata, nerangkeunana lantjar sareng gampileun pisan. Malah lian ti omongan téh, wawangoenan, barang-barang sadajana koe manéhna kenging ditjarioskeun kiratana.

Sakitoe anoe harita kapendak téh, ari leres henteuna satjarios katrangan téa, éta mah “doeka teuing

S. d. R.


Paririmbon

(Samboengan P. S. No. 6)

11. Asihan paranti ngadeuleu.
Deuleu aing deuleu deungdeung, deleng koe mata sira, salondari sia seuri salondari aing datang, salondari sia tjeurik, salondari aing poelang, tjeurik noetoerkeun, sih asih ka awaking.

12. Asihan Goerijang.

Tékték aing tékték asih tékték aing radjakanten, paranti malikkeun angen noe

123