Kaca:Poesaka Soenda 1923-02-1(08).pdf/10

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

andjeunna lolos ti karaton nilar kamoektén doenja, dalah garwa ogé tjoel baé dikantoen teu pisan dianggo wagelan. Tina tjengeng manteng sedja njingkahan goda rantjana, andjeunna loemebet ka alas bandawasa, asroek-asroekan toeroen goenoeng oenggah goenoeng, mangkring galih njiksa raga, oesaha moekah salira. Barang parantos genep taoen lamina Sang Gotama ngalalana sadjeroning tatapa, kaleresan andjeunna keur ngaso di sahandapeun tangkal Boedigatja, nja katibanan wahjoe linoehoeng, nampi noegrahaning Djawata, panggalih toemiba ing Padang-tarawangan, itjal rasa asa-asa tetep anteb kana noe djadi pelenging manah.

Satoetasna kénging rahmat gandjaran Pangeran, Sang Gotama ladjeng djoemeneng Wikoe, ngamalkeun ageman kasampoernaan, dibaroeng koe ngaliarkeun élmo oeger-oegeraning kapanditaan.

Sang Boeda Gotama teu aja lirénna miwoeroek mitoetoer mikawelas mikaasih ka djelema-djelema ngagelarkeun kaboedajaanana lamina kenging 45 taoen, sarta barang dina joeswa 80 taoen andjeunna poepoes, moelih ka Kalanggengan moengkoerkeun alam Sangsara. Doepi lajonna ladjeng didoeroek, sekarna diandoemkeun ka para moerid, nja djadi poepoendén djadi djimat, sesembahan tepi ka ajeuna.

(Aja Samboenganana.)


Wajang Allah.


Sakoemaha anoe parantos diterangkeun dina P. S. No. 5 jén ngawajang téh éstoe pitoein titinggal karoehoen Soenda, sanés titiron ti Hindoe atanapi Keling. Jaktos ari lalakon sareng sesembén bangsa oenak-anik boeboek leutikna mah parantos seueur tjampoeran panglambonna, moeng poko tetep warisan oerang. Doegi ka ajeuna, masih aja kénéh peta ngawajang anoe noeroetkeun galoer karoehoen Hindoe, nja éta ngawajang anoe dilakoekeun koe doekoen-doekoen.

Parantos lami djisim koering ngoeping aja doekoen anoe biasa ngagajoeh lelemboet sarta pasang petana béda ti doekoen biasa, bédjana. Tina panasaran tamba kawaranan nja koe koering diala. Éta doekoen ngaranna Naiwasan, sok disareboet oge Bapa Djamet, ngora kénéh, oerang Kadatoean katjamatan Madjalaja.

Saméméhna prak ngawajang ti beurangna parantos disajagikeun sapoeratina pikeun sasadjén, nja éta kadaharan salawé warna, roeroedjakan (roedjak tjaoe, roedjak asem, roedjak kalapa), doewegan, pangradinan, rampé beunang njaian dina djambangan gedé, seupaheun, soeroetoe, sareng menjan doea-tiloe goeroentoel sagegedé peureup kolot aja pangadji 15 ketipeun mah. Sadajana didjagragkeun di tengah imah.

Anoe njadiakeunana bodjo doekoen tea, Ma Enéh ngaranna, nja ieu ogé doekoen kénéh, malah tanaga gajoehanana, leuwih gedé leuwih bedas batan salakina, bédjana.

Teu lila kira-kira bada magrib, Ki doekoen djeung moerid-moeridna anoe biasa djaradi wajangna geus koempoel, réana aja kira-kira sapoeloeh djelema, djaba awéwé tiloen moeridna kénéh, geus karolot, anoe harita miloe.

Barang datang dek sasalaman, lila langkoeng ti biasa sasalamanana téh, aja kana saparapat djamna, bari teu répéh ngaradjah, pok-pokanana méh tjara anoe noembalan. Sakoer anoe aja kabeh diadjak sasalaman, nja kitoe deui moerid-moeridna, pada moerid deui, ka dalangna ka Ma Enéh téa, éta oge sasalaman. Waktoe Ma Enéh keur sasalaman djeung anoe sédjén, habek-habek baé dipepeg tonggongna sataker tanaga koe Dalang téh, éta biasana, aboes kana tarekah pangemat lelemboet kénéh. Koekoes ngeloen ngeboel teu aja kendatna doegi ka moelek koe haseup.

Ki dalang geus dek ngawih bari metakeun hihid, kawihna roepa-roepa sisindiran, lagoena ngeunah lain dikieuna matak kelar matak ngangres, pantes djadi lagoe pangematan. Oenggal sisindiran, pada boga peta sorangan, pok-pokanana aja soesoeroepanana kana tingkah lakoena Dalang, sabab sabotna ngaleu ngawih téh teu tinggal peta, djeung réngkat soerahna omongan téa. Kawih anoe djadi babakoe sisindiranana:

122