Kaca:Poesaka Soenda 1923-02-1(08).pdf/9

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

Ngambara. Ngatekna (henteu aja). Ngidik (ngaroeksak, ngabasmi). Nir (enol). Poengkret (noe teu djadi). Pralena (paeh). Raga, Rona (kalakaj). Sakata, Serna (kaleboeh). Sirna, Soenja at. Sonja (tiiseun, kosong). Sonja roeri, Tampo, Tan karoehan, Tan katon, Tan ketoen (moebah). Wengik, Wedik-wedikan (karasa teu katingali). Widik-widik (lapat-lapat, aja katingal aja henteu). Wijat (ngapoeng nepi ka teu katingal). Windoe saja, Woek (bobo). Woesdadi (goemelar).

Tjonto roepi-roepi tjandra sangkala :

  1. Sirna ilang kerti ning boemi = taoen 1400, roeksakna karaton Madjapait.
  2. Boedha ikoe goelaning samadhi. Boedha = 1, ikoe = 1, goebaning = 9, samadhi = 1, djadi taoen 1911.
  3. Goena ikoe Moekaning djanma, taoen 1913.


Agama Boeda panggelar Boro-boedoer.

Agama Boeda.

Noemoetkeun papagon agama Boeda, sagala lakoe satingkah sapari polah, geus soemawonna panggawe djeung boeboeden boh noe badag boh lemes, njoempoet nembrakna teu pilih, eta tangtoe aja boeahna aja wawalesna; migawe hade meunang kahadean, migawe goreng bakal katibanan goreng deui. Soegri anoe karasa anoe toemiba kana diri, taja lian ti pamoelang lakoe anoe katoekang. Wawales djeung gandjaran anoe teu koengsi toemiba satoengtoeng oerang kakoeroeng oemoer goemelar di doenja anoe ajeuna keur disorang, eta bakal karandapan dina hiroep anoe kasanghareupan, dina lahir anoe nema gelar ajeuna. Kasoengkan kanjeri kangeunahan kasenangan anoe karasa ajeuna, nja anoe djadi wawales djeung pamoelang waktoe oerang hiroep bareto, dina hiroep samemeh gelar ajeuna. Djadi noemoetkeun pangadjaran Boeda, oerang teh gelar ka (di) doenja, lain ngan sakali satoengtoeng hiroep ajeuna bae, tapi sababaraha kali, memeh hiroep ajeuna bareto geus koemelendang di boeana, nja kitoe deui lamoen oerang adjal, tangtoe bakal lahir djadi oerang doenja deui. Moeterna adjal djeung lahir anoe boelak-balik tanpa toetoegan tea koe oerang Boeda dibasakeun: sangsara.

Demi anoe ngagelarkeunana agama Boeda teh nja eta:

Sang Boeda Gotama.

Nja Sang Boeda Gotama panoetanana sakabeh bangsa Boeda mah. Andjeunna oge lahirna ka doenja tepi ka meolihna ka Djati teh, geus sababaraha balikan, lain moenggaran kakara dina nalika gelar djoemeneng Boeda tea bae.

Medalna ka doenja nitih kahasih Gotama tea, beh ditoeeun Kangdjeng Nabi Isa gandjor 500 taoen, djadi toeg tepi ka kiwari geus leuwih ti 2400 taoen. Loemoengsoerna ka toean bangsa Sakja di nagara Kapila-wastoe tanah Nipal beulah Kidoel di Boeana Hindoestan.

Keurna moerangkalih keneh koe iboe ramana katjida dioegoeng diagoeng-agoengna, dieugeuh didama-dama, dipoekproek koe doenja brana, didjoeroeng dipoepoejoehkeun, estoe teu aja pisan kahirang, kawantoe poetra radja noe kawasa, soegih moekti beurat beunghar. Tina dimoeljakeunana ti boeboerej datang ka salira sawawa, henteu pisan ngaraos panggoda rantjana manah, henteu karandapan rasa nalangsa peurih djeung njeri, estoe moeloes dina kalang kamoeljaan ginandjar kangeunahan, ti tohagana pangraksa pamoelasara iboe djeung rama. Tapi barang geus joeswa 29 taoen, koeroeng pangoeger ramana oedar, Sang Boeda Gotama anoe lahiriahna kalioeng kasipoel dipoeoek ku kamoeljaan, kaagoengan, ajeuna sanget ngerik manah ngangres nalangsa taja kendatna, reh karaos aja anoe henteu lana, tanaga nekanan soeda, hiroep katoengkoel koe oemoer, roemoes djadi kaoela. Galih Sang Gotama teu aja pisan poelihna tina ngamanah kana wekasan djalma hiroep manggih toengtoeng, waringkas kasilih ripoeh, ana gering mangsar-mingsir inggis adjal maksa datang.

Dina salebeting andjeunna pinanggih toenggara manah, kaleresan prok sareng hidji pandita, anoe maparin bongbolongan ka andjeunna, koe woeroek anoe soeroep kana kalboena. Nja saparantos gilig manahna,

121