Kabupatén Sumedang
Distrikna aya 11, nya éta: Sumedang, Tanjungsari, Cibeureum, Conggéang, Darmawangi, Darmaraja, Malangbong, Ciawi, Indihiang, Tasikmalaya, Singaparna.
Apdeling Sumedang-Sukapura
Adsistent-resident : A. van der Ven.
Regent Sumedang :Rd. Ad. Suria Kusuma Adhi Nata 20 Okt 1834.
Regent Sukapura: Rd. Tm. Wira Tanu Baya.
Hoofd-jaksa Sumedang : Rd. Angga Truna. Hoofd-jaksa Sukapura: Rd. Dita Kusumah.
Hoofd-panghulu Sumedang: Rd. Kiai Muhamad Taif. Hoofd-panghulu Sukapura: Rd. H. Muhamad.
Kabupatén Limbangan
Regent : Rd. Tm. Wira Tanu Datar (gentos jenengan Rd. Ad. Suria Nata Kusumah), 10 Sép. 1833.
Hoofd-jaksa : Rd. Rg. Suria dhi ningrat.
Hoofd-panghulu: Rd. Muhamad Yahya.
Karésidénan Cirebon
Resident : T. Ament.
Regent : Kiai Adipati Aria Sura Adhi Ningrat.
Hoofd-jaksa : Rd. Dem. Niti Negara.
Hoofd-panghulu: M Imam Abdul Kahar.
Apdeling Indramayu
Adsistent-resident: S. L. P. D. Niepee.
Rangga: Rd. Tm. Mangku Dirja.
Jaksa: Mas Karta dhi Sastra.
Apdeling Galuh
Adsistent resident: J. T. W. A. Lange.
Regent: Rd. Ad. Ar. Kusuma dhi Ningrat, 9 Maret 1839.
Jaksa: Rd. Arga Kusumah.
Panghulu: Abdulah Ibrahim.
Apdeling Majalengka
Regent: Rd. Ad. Ar. Karta dhi ingrat
Jaksa: Rd. Sura Amijaya.
Panghulu: Mas Imam Hasan basari.
Apdeling Kuningan
Regent: Rd. Ad. Ar. Suria dhi Reja.
Jaksa: Mas Demang Purba Dhurgani.
Panghulu : Akramudin.
|
Wawacan Siliwangi. |
(sambungan Pusaka Sunda No. 7)
| 197. | Kangjeng Prebu ngadangu sembah utusan, |
| ngaraos teteg galih, | |
| teu aya salempang, | |
| putra raos kapendak, | |
| geus kitu Ratu ngalahir, | |
| ka Praméswara, | |
| Enok meujeuh nya prihatin, | |
| 198. | Dago baé si ujang mo burung datang, |
| nanging awal jeung ahir, | |
| urang kudu sabar, | |
| pasrahkeun ka Pangéran, | |
| poma nyai ulah nangis, | |
| mangka tawekal, | |
| sadrah ka Sang Utipati. | |
| 199. | Lampung Jambul-Kidang Pananjung pamitan, |
| Gelap nyawang teu kari, | |
| tilu panakawan, | |
| rék mapay Raja putra, | |
| mo mulang mun can kapanggih, | |
| rék ditéangan, | |
| disaksrak di unggal nagri. | |
| 200. | Dawuh Raja sukur Uwa geura leumpang, |
| poma mangka kapanggih, | |
| jalma tilu nyembah, | |
| sujud terus marangkat. | |
| Sang Prebu ngalahir deui, | |
| miwarang emban, | |
| nyaur dén rangga patih. | |
| 201. | Sareng putar sang raja Asmunalarang, |
| duaan sing kairing, | |
| henteu lila dongkap, | |
| patih jeung raja putra, | |
| ari timbalan Sang Aji, | |
| ayeuna poma, | |
| si ujang masing kapanggih. |