Kaca:Poesaka Soenda 1923-02-1(08).pdf/15

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
202. Mun teu timu tangtu awak katempuhan,
ulah rék ngeunah ati,
leungitna si ujang,
tangtu aya lantaran,
awak anu kudu telik,
hadé goréngna,
réh nu ngaheuyeuk nagari.
203. Ki Asmunalarang reujeung patih pisan,
mun ujang tacan kapanggih,
ulah wara mulang,
gunung jeung leuweung saksrak,
lebak jungkrang gawir,
los geura miang,
kucem raray Radén Patih.
204. Raos-raos katereka culikana,
duaan nyembah teu lami,
angkat ka paséban,
nata para ponggawa,
bupati mantri dipilih,
nu rék dicandak,
ngilari putra nu leungit.
205. Sanggeus tutug diatur sapuratina,
kabéh pada arindit,
ti nagara budal,
riab pasulibrengan,
sigeg anu nungtik lari,
ayeuna kocap,
pandita Sindangkasih.
206. Kiai Gedéng Sindangkasih enggeus sepah,
kuna bagawan wacis,
muruk ilmu buda,
yuswana enggeus ratusan,
hampir dua artus leuwih,
yuswa pandita,
ananging masih ringsig.
207. Putra hiji pameget éstu digjaya,
dén Wirata kakasih,
ayeuna keur tapa,
di gunung Ujung Kulon,
geus sepuh putraan deui,
istri sembada,
dén putri Ambetkasih.
208. Gandes pantes luhur élmu kaistrian,
geulisna leuwih-leuwih,
mila kacarita,
sakuliah pulo Jawa,
geulisna taya nu nanding,
salira omyang,
lir emas uré sinangling.
209. Éstu putri putrana raja pandita,
salira lenjang manis,
rambut andan-andan,
lambé manggis larengan,
jariji mucuking eurih,
cureuleuk soca,
damis kadu sapasi.
210. Sugri jalma anu parantos uninga,
istri pameget asih,
geus puguh sepuhna,
nénéh salamina,
lebah harita nyi putri,
kakara yuswa,
kalima welas leuwih.
211. Geus tingali aksara buda jeung Sunda,
pinter parigel nulis,
mamaos wawacan,
sugri carita paham,
mun mamaos ngahaliring,
manis gentrana,
nu nguping sungkan balik.
212. Waktu éta bumina putri geus misah,
ku rama geus dipaparin,
gedong kalangenan,
anggang ti bumi rama,
jauhna saepal leuwih,
babakan anyar,
katelah Karang Wangi.
213. Tina réa rupa-rupa kekembangan,
pinuh ku anu seungit,
dén putri geus lawas,
bumén-bumén di taman,
dua welas jompong ngiring,
ka kasih dua,
pun Gandes nu kahiji,
127