Kaca:Poesaka Soenda 1923-02-1(08).pdf/16

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
214. Wasta Centil jompong kadeuheus kadua,
baladeur beuki seuri,
warna léléwana,
ngabeberah dunungan,
sésébréd tarucing sindir,
jeung paparikan,
ngomong teu tinggal ti sandi.
215. Karang Wangi mutuh matak betah manah,
ngagalalontor cai,
émpang patamanan,
turut sisi dibalay,
ngagenyas cai beresih,
turut sisina,
petétan panarik resik.
216. Saban peuting dina nuju caang bulan,
réa istri sarumping,
ngaradon ngabungbang,
hariring pupujan,
blang nararepi ka énjing,
nu tararembang,
kinanti melas melis.

PUPUH KINANTI

217. Ting sarenat ting sarenut,
hariring soara istri,
nembangna tampan-tinampan,
ungkara galuh dianggit,
wawacan pusaka kuna,
carita déwi Artatit.
218. Ambetkasih ngilo laun,
réncang ngiring ngahaliring,
mamaos ngaradu gentra,
tatangga mungpung sarumping,
miarsa tutur carita,
paselang suluk jeung silib.
219. Réa sasakala timbul,
pusaka ti nini aki,
kaguar milu kabuka,
katungtik katarik sindir,
Ambetkasih nu nyurahan,
sepuh anom suka galih.
220. Antara sahiji waktu,
nuju dina hiji wengi,
ti soréna raraméan,
jam tilu nembé ngarampih,
Ratna Déwi kulem tibra,
teu lami bet tuluy ngimpi.

Aya sambunganana.


128