Kaca:Poesaka Soenda 1923-03-1(09).pdf/13

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

11. Hu Allohu Ya Alloh,

Bismilahi bismilahi,
pajagalan nu walatra,
candoli nu matak mahi,
kabayan musna sabulan,
katuruban ceuli munding.

12. Tangtung kagimbung ku tangtung,

budi ka irid ku budi,
welas katebak ku welas,
asih kairid ku asih,
cahya karerab ku cahya,
mulih ka alaming suci

13. Nu mungpung nungtun rahayu,

jasmani kalangkang ati,
nya raga kalangkang rasa,
sumping tandaning miasih,
ear tandaning miwelas,
pambrihna hayang lestari

14. Amin amin Ya Allahu,

pipokkeun kuring titadi,
mugi mugi muga muga,
lastari nu dipiati,
laksana nu dipimanah,
ulah madawa madawi

15. Neda agung nya paralun,

ka nu nyaranding sraumping,
mihape waluya urang,
mihape eling ka eling,
mihape barang kasorang,
mihape weling anaking

16. Ka luhur ka Sang Rumuhun,

para Nabi para Wali,
para arwah nu sampurna,
para wargi nu suwargi,
neda jiad berekahna,
hayang jamuga jamugi

17. Yahudat wejibul wujud,

nu disindiran ti tatadi,
nya waluya nya waluya,
nya jamuga nya jamugi,
ya Allah wawlohu ‘alam,
ya amin robul ‘alamin

__________ 1) karangan Djoeragan H. Hasan Moestapa Pangoeloe Bandoeng Pangsioen, kintoenan M. Wangsa Atmadja.

Oenak-anik basa Soenda IV


Harti kecap-kecap basa kawi anus ok dipake ngaran, numutkeun katerangan dina Woordenboek tuasn Roorda.
Wira kawasa, prajurit, senapati, priyayi, pinunjul, sarua wae hartina djeung Wirja, nja eta anoe gede wawanenna kana madjoe perang.
Prawira prajurit, menak turunan luhung, satria, nu panceg ajeg wawanenna
Warga baraya, sanak, kadang. Warga (skr) = ihwan, anu sarua tahapanana atawa

Sastra: aksara, tulisan, buku elmu, kitab, elmu basa

wirya, nyaeta anu gede wawanenna kana amju perang

martabatna pikiran, anu suddagan, sapartay

Surya: Suriya = srangenge, panon poe, ratu, raja

Nata : ratu, raja

Niti aturan, papagon, elmu ngaheuyeuk nagara, perang, adil, gajah

Jaya : Unggul, kuat, mujur, sakti wenang

Naya: ulat, pasemon, semu, pulitik

Yuda: perang, pakarang, gagaman

Suta : anak, putra

Karta : kerta = rahayu, beres, teu aya pikaharing-hangeun, henteu werit, aman,

Pura: nagara, kadaton, karaton

Prana: ati, budi, cipta, meneran, tuju, prata (Skr), ambekan, pancadria

Purwa: purba= wiwitan, asal, mimiti, baheula, kuna, wetan

Wangsa: sanak, baraya, bangsa

Mangun: gawe, imah, bangun, reka

Maja: Ja= anak, medal

Cita: cai, pamandian anu dipunjung-punjung, pamandian anu harengheng,

Brata: tapa, lampah, laku

141