Kaca:Poesaka Soenda 1923-03-1(09).pdf/12

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
  1. Ngimpi soemoer pinoeh koe tjai, bakal tjoekoel sagala gawe.
  2. Ngimpi geloet eleh bakal gering.
  3. Ngimpi disalin koe papakean weuteuh, bakal naek pangkat boga gawe anjar.
  4. Ngimpi tjatjarita djeung sepoeh anoe geus teu aja di kieuna, bakal pandjang oemoer.
  5. Ngimpi soehoenan tisorosod, bakal soesah.
  6. Ngimpi nimoe doeit, bakal leungiteun (Tjeuk oerang Soenda bakal radang).
  7. Ngimpi maehan oraj, bakal moal djadi sakarepna.
  8. Ngimpi dipatjok oraj matih, bakal di asih koe awewe.
  9. Ngimpi noengkoelan noe kariaan, bakal aja noe kapapatenan.
  10. Ngimpi poenglak hoentoe ti loehoer, bakal kapapatenan koe baraja saloehoereun.
  11. Ngimpi poenglak hoentoe ti handap, bakal kapapatenan baraja sahandapeun.


Sawer Si Roentjang Koendang.


1. Asalamoealaekoem,
Si Baji Raden Kawati,
Si Lenggang gereleng herang,
Si hening atjining bening,
Si Padang sipoe pandjang,
Anaking anak papanting.
2. Si Koentjoeng Si Aroem tandjoeng,
Si Atji atjining-hening
Si Lenggang gilang goemilang,
Si Ginding Si Pada ngaping,
Si Poerba wisesaning Jang,
Hatoeran bagea soemping
3. Disoewoek kidoeng djeung kidoeng,
dipirig dangding djeung dangding,
pada welas noe maridang,
pada asih noe njaranding,
sawerna Si Roentjang koendang,
pameulit ati noe ngaping.
4. Lailahailellohoe,
Kawitan sawer kiai,
Moehammadoerrasoelloellah,
Eusina sawer ki santri,
Poesaka sawer baheula,
Dirampid sama sakali.
5. Poen sampoen amitan ampoen,
ka Batara ka Batari,
Batara para dewata,
Batari para dedewi,
Batara teroesing rasa,
Rasaning sawer kinanti.
6. Amit ka Batara Goeroe,
goeroe poetra goeroe poetri,
goeroe poetra naga radja,
goeroe poetri naga sepi,
goeroe Sang kama dirasa,
goeroe roemasaning boedi.
7. Noe mantjoer mantjoer di panggoeng,
anoe ngaping sakoeriling,
noe ngajang di awang-awang,
anoe ngaping beurang peuting,
noe ngabangbang raga oerang,
anoe ngaping raga aing.
8. Pitik toelak pitik toekoeng,
toetoelaking djabang baji,
toelak rantjana wisaja,
toelak noe hiri noe dengki,
toelakna kalimah sada,
sada moeni koe djasmani.
9. Koer bajoe koeroengan bajoe,
koer baji koeroengan baji,
koer sawanan sasambetan,
saderek medal sapeuting,
tah tampa dina taweuran,
ninggang sisindiran dangding.
10. Bajoe diawoer koe boe,
koenir diawoer koe koenir,
panglaj diawoer koe panglaj,
doeit diawoer koe doeit,
beas diawoer koe beas,
eusi kasaoeran santri.
140