Kaca:Poesaka Soenda 1923-03-1(09).pdf/11

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
  1. Ngimpi palid ka laoet, bakal laksana anoe disedja, tapi batoer rea anoe ngewa.
  2. Ngimpi ngarasa panas, bakal meunang redjeki tina djalan serong.
  3. Ngimpi dahar boeah, bakal aja noe matjikeuh.
  4. Ngimpi ningal warna-warna kembang, bakal djadi pangkat.
  5. Ngimpi dahar laoek embe, bakal meunang redjeki (Soenda: ngimpi dahar laoek bagong).
  6. Ngimpi dahar laoek sape, laoek moending, laoek hajam, atawa letah, bakal meunang kahadean.
  7. Ngimpi kabojong koe moesoeh, bakal balik ka bali geusan ngadjadi.
  8. Ngimpi tepoeng djeung Nabi Isak, bakal sakti at.meunang daradjat.
  9. Ngimpi ka sawarga, bakal laksana sakabeh karep.
  10. Ngimpi kaloear ti sawarga, bakal roentag babandaan.
  11. Ngimpi ningal naraka, gede doesa koedoe tobat.
  12. Ngimpi kiamat, bakal djeneng naek pangkat at. Tinekanan sakarepna
  13. Ngimpi ningal bentang, bakal meunang bagdja.
  14. Ngimpi oenggah ka langit, bakal meunang daradjat gede.
  15. Ngimpi samagaha sarangenge at. Boelan radja bakal soesah lantaran nagara roeksak.
  16. Ngimpi boelan asoep ka imah, bakal oentoeng gede.
  17. Ngimpi ningali tjai datang, bakal moenggah hadji (Soenda: bakal amarah).
  18. Ngimpi teuleum dina tjai kiroeh, bakal tatapa.
  19. Ngimpi ningal waloengan tjaina herang, bakal nampa barang emas-inten.
  20. Ngimpi nginoem ti waloengan bakal diseuseul koe doenoengan, tapi laksana panedjana.
  21. Ngimpi teuleum dina tjai herang, bakal soegih.
  22. Ngimpi nginoem tjai herang, bakal tegoeh agamana.
  23. Ngimpi nginoem anoe kentel kentel, bakal boga emas perak.
  24. Ngimpi ngaloentjatan waloengan bakal pondok oemoer.
  25. Ngimpi paparahoean bakal soesah.
  26. Ngimpi toetoeroeboen ka talaga, tobat ka Allah.
  27. Ngimpi ningal sinar sarangenge, damar atawa haseup bakal gampang sagala karep.
  28. Ngimpi ningal seuneu ti kadjaoehan, bakal panjang oemoer.
  29. Ngimpi kapeutingan, kasasar lampah.
  30. Ngimpi djadi lintoeh, bakal loepoet tina baja.
  31. Ngimpi ningal goenoeng at seuneu ti kadjaoehan bakal diasih koe doenoengan.
  32. Ngimpi lintoeh bakal oentoeng.
  33. Ngimpi sambeang, bakal laksana panedja.
  34. Ngimpi ditjabak sirah, bakal tinekanan sapanedja.
  35. Ngimpi kaandjangan, bakal mimitran djeung saloehoereun.
  36. Ngimpi diragap awak, bakal gering parna atawa bakal kasemahan baraja.
  37. Ngimpi papanggih djeung awewe, bakal kawin.
  38. Ngimpi beungeut djadi bodas, bakal boga pamadjikan.
  39. Ngimpi diboera oraj, bakal meunang pipamadjikaneun bakal kawin.
  40. Ngimpi dipatjok oraj, bakal tjilaka koe moesoeh.
  41. Ngimpi papanggih djeung Malaikat, djeung Nabi Adam, djeung Widadari bakal djadi gegeden.
  42. Ngimpi hajang boeboeang bakal salamet.
  43. Ngimpi nandjak ka goenoeng, bakal naek pangkat.
  44. Ngimpi nimoe pakarang, bakal naek pangkat.
  45. Ngimpi mandi bakal gering.
  46. Ngimpi toempak koeda, bakal gering.
  47. Ngimpi boeboeang, bakal katjilakaan, leuleungiteun.
  48. Ngimpi newak manoek, bakal meunang bagja.
  49. Ngimpi imah kahoeroean, bakal meunang bahaja gede.
  50. Ngimpi kadatangan djelema rea, bakal kapapatenan.
  51. Ngimpi hiber, bakal oentoeng.
  52. Ngimpi katinggang kai, bakal tjilaka gede.
    139