Kaca:Poesaka Soenda 1923-03-1(09).pdf/10

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
  1. Ngimpi kiamat, bakal keuna pitenah atawa bakal ngalakonan gawe masiat.
  2. Ngimpi loemakoe ngaler, bakal meunang redjeki.
  3. Ngimpi ningal panonpoe at. Boelan, bakal beunghar. (Tjeuk oerang Soenda, bakal oentoeng meunang daradjat gede, bakal boga anak pinter).
  4. Ngimpi samagaha, bakal meunang pantjabaja.
  5. Ngimpi srangenge toemoeroen ka boemi, asoep ka imah, bakal meunang daradjat.
  6. Ngimpi ningal mega beureum at. Mega hideung, bakal aja pantjabaja (roepa-roepa kasoesahan) di desana.
  7. Ngimpi langit poek, bakal moal pertjaja kana agama.
  8. Ngimpi ka hoedjanan, bakal aja anoe mere redjeki.
  9. Ngimpi nendjo hoedjan, bakal djadi loerah.
  10. Ngimpi katebak angin, bakal roeksak desana.
  11. Ngimpi katebak angin laoet, bakal eleh perang.
  12. Ngimpi ningal hoedjan atawa hoedjan angin ti kadjaoehan, bakal bakti ka ratoe.
  13. Ngimpi hoedjan boeah, bakal meunang kaboengahan.
  14. Ngimpi mandi dina tjai herang, bakal djaoeh tina kaprihatinan.
  15. Ngimpi ningal waloengan keur gede tjai, bakal tapa (Tjeuk oerang Soenda mah, bakal manggih amarah, pipaseaeun)
  16. Ngimpi ningal waloengan ngoletrak tjaina, bakal kaandjangan oerang desa sedjen atawa bakal diloerahan koe oerang desa sedjen.
  17. Ngimpi teuleum di talaga, bakal djadi djelema kerdika (Tjeuk Soenda mah bakal tjilaka).
  18. Ngimpi teuleum di waloengan, bakal pinanggih bagja (Tjeuk Soenda bakal tjilaka).
  19. Ngimpi ngojaj, bakal moebah panggawena.
  20. Ngimpi ngaloentjatan waloengan, bakal pondok oemoer.
  21. Ngimpi tjai laoet amis, bakal meunang redjeki, oentoeng djalan tina roepa-roepa pantjabaja.
  22. Ngimpi nginoem soesoe, bakal meunang redjeki halal.
  23. Ngimpi boga hajam djago, bakal boga anak lalaki.
  24. Ngimpi loba hajam, bakal rea moerid anoe goegoeroe.
  25. Ngimpi ningal daging at. Meuntjit sato bakal meunang kahadean (Tjeuk Soenda: mah bakal kapapatenan).
  26. Ngimpi loebak liboek daging embe, bakal rea noe njoro redjeki (Soenda: bakal kapapatenan).
  27. Ngimpi ningal gadjah, bakal diasih koe ratoe. (Di Soenda mah koe maoeng lain koe gadjah).
  28. Ngimpi kadatangan gadjah, bakal katamoean koe menak (Di Soenda mah koe maoeng lain koe gadjah).
  29. Ngimpi aja gadjah asoep ka imah, bakal djeneng, naek pangkat.
  30. Ngimpi digegel sato galak, bakal diasih koe djelema.
  31. Ngimpi ningal pamegaran oraj matih, bakal diambek koe pamadjikan.
  32. Ngimpi ningal liang oraj, bakal panjang oemoer.
  33. Ngimpi kahoeroean, bakal tjilaka gede (Soenda bakal manggih napsoe).
  34. Ngimpi ngampihan seuneu, bakal tjoekoel pakaja.
  35. Ngimpi nenjo goenoeng, bakal meunang bedja.
  36. Ngimpi njaba ka goenoeng, bakal meunang noegraha.
  37. Ngimpi kaloear ti leuweung, bakal leungiteun.
  38. Ngimpi asoep ka masigit, bakal meunang bagdja.
  39. Ngimpi njieun imah, bakal laksana karepna atawa bakal boga pamadjikan.
  40. Ngimpi aja anoe mergasa, bakal pinanggih soesah.
  41. Ngimpi asoep ka naraka bakal gede dosa.
  42. Ngimpi ngedegdeg atawa hareudang, bakal kadatangan tjilaka, karoegian.
  43. Ngimpi aja angin gede, tatangkalan raroengkad, bakal paila atawa aja anoe ngaroeroeg.
  44. Ngimpi aja ditengah sagara, bakal meunang doeit.
    138