Kaca:Poesaka Soenda 1923-03-1(09).pdf/9

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

Impian-impian anoe disangka asal lantaranana tina papakean, pakakas atawa barang sėjėn anu dipakě atawa tumerap dina badan, atawa panggawě anggahota anu teu diniatan sabot keur sare, eta oge kaběh riwan baě; saperti: ngimpi ngapung pedah sare dibaju, ngimpi dicongcong lentah pedah aya remeh napel, ngimpi tiguling lantaran suku ngeleset, jst.

Ilapat, nyaeta ngimpi anu jadi alamat tea, ngimpi enya cenah, datangna oge biasana tara dina sambarang sare, tapi milih waktu nyaeta tengah peuting babakuna, komo lamun dina malem juma’ah mah.

Ngimpi Ilapat oge aya rupa-rupa, nya eta:

1. Anu jadi alamatna tea, silib atawa sindirna tina anu saenyana, saperti ngimpi titeuleum, alamat bakal cilaka. Ngimpi nanjak bakal susah (ceuk sawareh bakal anek pangkat). Ngimpi nimu duit bakal radang, jst.

2. Anu jadi alamat tea sabalikna tina nu saenyana bakal kalampahan, ngimpi untung bakal buntung, ngimpi dipuji bakal meunang wirang, ngimpi bungah bakal susah, jst.

3. Anu jadi alamat tea saenyana, ceples anu kaimpi tea nu bakal kasorang teh, saperti peuting ngimpi papanggih jeung baraya, ari isukna gok papanggih. Ngimpi leungit duit, ari isukna loket aya nu maling. Di panyabaan ngimpi pamajikan gering, ari datang ka imah nyampak pamajikan payah, jst.

Ari anu disebut Ilham, sok dienut kalungsuran wahyu, ieu oge aya tahapanana, aya tempo-tempona, nurutkeun waruga ragana iman nyaeta: 1. Piwuruk atawa pituduh ti bangsa luluhur, babakuna ti karuhun atawa sepuh anu geus teu aya di kieuna, saperti: meunang piwulang ti aki buyut, ngabejaan kudu ngaji kitab anu, atawa meunang piwejang hiji elmu kaluhungan ; aya aki-aki nuduhan pependeman, dina itunganana (iyeu sok diasupkeun kana golongan ilapat), 2. Kalungsuran wahyu pangeran, ati padang tarawangan. Sareng lian ti eta aya keneh tahapan sanes, anu langkung luhung, malah di dieu mah geus ingkar tina babasan ngimpi.

Kajabi ti derahan eta, sok aya deui anu mapari ijerahanana tina bab ngimpi teh, nya eta saurna ngimpi teh sanes tukuh kudu dina keur sare bae, tapi anu nyaring oge sering ngimpi. Mapan sering bukti, panon buncelik ngajentul milu ngariung, ari ditanya ngarenjag. Tah, saurna, eta oge ngimpi keneh, nya eta anu ingetan teu kumbuh, ngencar henteu katungkul kakurung ku baku, jalan mengpar kaluareun nu keur disorang, eta ngimpi pibasaeunana. Geuning sering lamun aya kanca anu keur enya nayrita, batur ujug ngagelenyu, imut pampolana mah seuri ngabarakatak sorangan, eta laku anu kitu gundam tea pingaraneunana, jadi sanes ngan tepi kana ngimpina bae dina nyaringna oge.

Ana keur nyaring mindeng ngimpina, lantaran teu tigin kana ngahiji, dikencar ngumbar sorangan, embung gulung jeung lulugu, atuh komo keur sarena mah, meureun asa jongjon anclang-anclong henteu aya nu ngarewong, henteu kaweur henteu kagimbreung-gimbreung.

Malikeun deui pangali, malikan alamat impian, nurutkeun kapercayaan urang dieu, impian the jadi ilapat tea, ieu dihandap diserat alamat-alamatna, nurutkeun paririmbon jawa kenging nyutat tina Djawa No. 4.2. Jaargang, ditambihan ku anu biasa dipercaya ku Sunda.

  1. Ngimpi nyaho di allah, bakal tinekanan maksud (karepě dadi)
  2. Ngimpi suka-suka, bakal paila bakal susah.
  3. Ngimpi papanggih jeung Kangjeng Nabi Muhammad, bakal pinanggih bagja lahir batin
  4. Ngimpi ningal cukang sirotolmustakim, bakal ngalakonan panggawe bener
  5. Ngimpi nyukang dina cukang sirotolmustakim, bakal moal aya nu cangcaya, bakal dipercaya ku jelema.
  6. Ngimpi teu nyukang sirotolmustakim, bakal gering.
  7. Ngimpi ngaji, bakal nyimpang tina agama.
  8. Ngimpi papanggih jeung sahabat K. Nabi (abu Bakar, Umar, Usman, ali), bakal migawe kahadean atawa eunang elmu.
    137