Kaca:Poesaka Soenda 1923-03-1(09).pdf/8

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

Nimu Ki Gedé Selang, putri dianggo, manyakit warasna.

Putri tuluy bobot.

Arina babar Ki Gedeng Kacung.

Ki Gedeng Kacung arina puputra Ki Gedeng Suruwud.

Ki Gedeng Suruwud,


Katja 23.

arina puputra Pangéran Sedang Karapay (Karapyak 1601-1613) puputra Pangéran Sedang Kajenar.

Pangéran Sedang Kajenar puputra Pangéran Sedang Kamuning.

Pangéran Sedang Kamuning puputra Sutan.

Sutan arina puputra Susunan (Tegalwangi 1677).

Susunan arina puputra Susunan Mangkurat.

Susunan Mangkurat arina puputra Pangéran Dipati, katapa ku kang rayi Susunan Puger, puputra Pangéran Mangku Nagara.

Pangéran Mangku Nagara puputra Pangéran Dipati.

Caritakeun deui Ciung Manarah; karsa rék murud ngulon.

Mangka maan kuring panday domas kurang hiji nitih lemah Pajajaran.

Arina krama ka Ratu Éndong Kancana.

Arina puputra Darma Réhé.

Darma Réhé arina puputra Lutung Kasarung.

Lutung Kasarung arina puputra Prebu Lingga Hiyang.

Prabu Lingga Hiyang puputra Prebu Lingga Wesi.

Prabu Lingga Wesi arina puputra Prebu Lingga Wastu.

Prabu Lingga Wastu arina puputra Sang Susuk Tunggal.


Katja 24.

Sang Susuk Tunggal arina puputra Prebu Munding Kawati.

Prabu Munding Kawati puputra Prebu Anggalarang.

Prabu Anggalarang puputra Prabu Siliwangi, jumeneng nyakrawati Pajajaran.

Paririmbon.

III

Alamat impian.


Nurutkeun kapercayaan bangsa Sundaanu lumrah; ngimpi the nyaeta laku lampah sukma sabot jeur sare. Upama urang sare, sukma urang the ka luar tina kurunganana, naon-naon pagaweanana jeung pamangihna dina waktuna keur lumantung tea, nya jadi ngimpi cenah. Malah sok rajeun aya sukma anu nyasab, kasarung teu bisa mulang kana jasadna, kasarung teu bisa mulang kana jasadna, tangtu anu kitu jadi maot tea balukarna. Manawi sadayana oge parantos uninga, atanapi ngadangu yen kolot-kolot mah kacida ngalarangna teu meunang merong, nyulang-nyaling atawa nyoletan beungeut nu sare, ari sababna nurutkeun katerangan kolot tea mah, taya lian ngan bisi sukma sukmana eta anu sare tea, teu bisa mulang deui ka jasadna lantaran panglingeun kana ragana, pedah salin rupa. Lian ti aya kapercayaan eta, aya deui undakna percayana kana impian the, nyaeta sok jadi alamat kana hade jeung gorenganu ku urang bakal kasorang, malah bisa disarebut, ilapat ari diantebkeunana pisan mah. Ku tukang itungan patangan mah ngimpi the dibagi tilu bagian, nyaeta : 1. Riwan, 2. ilapat, 3. ilham.

Riwan hartina ngimpi dina sare sagawayah, sare ti beurang, sare sore-sore, atawa ngimpi kaisuknakeun.

Ngimpi riwan, tara jadi alamat, lain ilapat, malah ilaharna disebut kabawa-bawa ngimpi, atawa kaimpi-impikeun, nyaeta naon-naon kalakuan urang keur nyaring, anu kacida cumantelna kana hate, atawa anu kapiangeun-angeun dipindo kasorang dina keur sare. Sok rajeun jadi riwan deui, upama sare kasawur ku sora au ngaromong, nu seuri atawa kukajadian anu sejen, anu sumanding kanu keur sare tea.

Asup keneh kana ngimpi riwan, lamun keur sare ditindihan eureup-eureup, atawa sarupaning impian anu disangka panggoda setan.

136