Kaca:Poesaka Soenda 1923-03-1(09).pdf/7

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

Saurna patih Ciung Manarah Heunteu nyaho tado jerona ramma?

Tuluy dilebetan ku sang ratu.

“Hade” saur sang ratu.

Jeprak dikancing ku patih Ciung Manarah, dijingjing ka paseban, diundangkeun ka sasadayeuh.

Lawas-lawas saurna patih Ciung Manarah: “Sang ratu lintuh-lintuh keneh”

Horenganan dibalangan keupeul ku patih Hariang Banga.

Mangka bendu patih Ciung


Katja 20

Manarah, mesat hateup sirap, dibalangkeun ks raka.

Tuluy bendu ka raka.

Mangka koncara wesi rek diirik.

Ku Patih Ciung Manarah direbut.

Ku ratu Pagedongan tuluy disusupkeun ka gunung Kelong.

Tuluy perang, mangka disedekeun ngetan kang raka. Datang ka Balangbangan, saur kang raka: ”Raji, urang eureun.”

“Raka, rampes.”

Tuluy eureun teohheun maja tugna buah kalajar.

Dicandak ku na kai lanceuk..

Rai ieu buah naon.?

Ieu buah maja, raka…?

“Ngeunah didahar..?

Ngeunah raka.”

Arina didahar pait.

Majapahit ieu pingaraneun nagara.

Disedekeun deui ngulon ka rai ku kang raka.

Datang ka Tajog barat saur kang rai : “Raka urang eureun.”

“ Rai rampes,”

Eureun teohheun paku; tug buahna.

Dicandak kuna kai ais,

“Raka, buah naon ieu?”

“Buah paku jajar,”

“Pakuan pajajaran ieu ngaran.”

Mangka perang deui.

Datang ka Taraban, mangka turun Darma siksa.

Nya prerang, anaking, Cipamali nerus gunung

Katja 21.

teka nunjang sagara hakerang gedong angsana, na kang raka dicandak ku kai mas dipangpengkeun ngetan, kang rai dicandak ku kai mas dipindahkeun ngulon.

Tuluy dikumpulkeun ka nagara Galuh ku Darma siksa.

Kondjarra wesi diparanan ku ratu Maraja sakti, dicipta tuluy lebur jadi cai, turunan ka dayeuh, mana aya Kandang wesi.

Tuluy kumpul deui ka nagara Galuh, pada marek ka ramana neda idin.

Mangka matur kang rai: “ kang Rai ulah jumeneng ratu tiheula.”

Saur kang raka: “Suka aing jadi ratu ti heula, da aing kolotna anak putu, rai ku aing dikawulaan mo jumeneng nyakrawati lamun teu ngumbara heula.”

Patih Hariang Banga kersa murud ngetan, maan kuringna satak sawe nitih lemah Majapahit.

Puputra prabu Mula.

Prabu Mula arina puputra Prabu Terus bawa.

Terus bawa puputra


Katja 22.

Terus bagawat.

Terus Bagawat puputra Prabu Terus Gumuling.

Prabu Raja Gumuling puputra Prabu Mangngoneng.

Prabu Mangngoneng puputra Prabu Terus bangbang.

Terus bangbang puputra Ki Gedeng Messer.

Ki Gedeng Messer puputra Ki Gedeng Djati.

Ki Gedeng Djati puputra Ratu Prewata

Ratu Prewata puputra Ki Gedeng Majanah.

Ki Gedeng Majanah puputra istri, dingarankeun Ratu Sarikem.

Arina krama ka wong ngagung kabatullah, dingarankeun she Kures.

Kaselang ngan ku Ratu Padjang manyakit wawatuneun nejngan budak bulu pitambaeun.

135