Kaca:Poesaka Soenda 1923-04-1(10).pdf/10

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

noe manahna salantjar, béda tina panjeta anoe bolostrong, sabongdrong, sabab Batara Rama ka garwa teu engga njambat saadat biasa noe pada mentas njandang sangsara, ieu mah awitna ngan oekoer njarioskeun perang anoe eggeus kasorang, ditéma koe siga téga ngadjak pirak henteu kersa ngangken deui garwa ka Sinta, ditoengtoengan koe panoedoeng kedah oendoer, ingkah sakersa-kersana. Pang Batara Rama kitoe kodalna ka geureuha, sanes pisan pisan lantaran tjangtjaja kagoengan manab asa-asa henteu pertjaja, tapi toemoet kana atweran oegeran lihiriahna sara, jén istri anoe geus paanggang tina panangan tjarogé koengsi kakoeroeng koe hoekoem batoer, aja di lalaki lian, éta teu kenging djangken deui djadi padri, moal djadi praméswarina Batara Rama, nja éta sarat geusan ngomah-ngomahan panereka djeung panjangkana sadaja eusi nagara, sangkan toekoeh keukeuh pageuh kana bener, pertjaja kana weningna galeuh anoe djadi ratoe.

Barang Déwi Sinta ngadangoe dawoehan tjarogé anoe sukitoe matak peurih matak peureusna kana manahna, segroek baé nangis njambat ka tjarogé tina teu roemaos gedag midoa manah teu aja dosa anoe karaos éstoe toehoe soemoedjoed salalamina nanging ajeuna pinanggih sareung hoekoaman noe lalalain. asana dikaniaja, keukeuh kakoeroeng timboeroe; nja andjeunna bakal téga laboeh geni, nganjatakeun kabersihan salirana. Harita kenéh Dewi Sinta moendoet disajagikeun toempoekan soeloeh ka Lakshmana, gensan anjeuna ngoembah panjangka anoe toemiba ka salirana, tina ka manah koe Sinta raja deui geusan ingkah, pirdah tempat pisah ti tjarogé kadjahi ti masrahkeun raga djeung njawa. ka noe Kawasa, koe poepoes dihoeroe.

Batara Rama pasrah soemerah sarta maparin widi, ngadjoeroeng lakoe ka garwa noe badé laboeh geni, ladjeng nimbalan sasajagian sapoeratina.

Barang toempoekan kai parantos sajagisoet disoendoei, goer seuneu koroeng moentab-moentab. Déwi Sinta lebat kana tegah-tengah seune noe ngagedag-gedag, bari njambat ku Batari Agni moendoet ka saksi kasutjian kabersihan galihna.

Dileg Batari Agni woedjoed loesoeurna ti Kadéwatan, ngaraksa noe tanpa dosa, seuneu njingraj kawas disoeaj, sarta di tengali doeroekan ngelewoeng, katingal Sinta ngadeg ditjandak koe Batari Agni. Sarta harita Déwa ngadawoeh jén Sinta beresih teu aja geuneuk maleukmeukna, soetji galih éstoe mandjing eusi poerina Batara Rama, sarta sok dipasrahkeun deui koe Déwa ka tjarogéna, Sinta ten sakara-kara.

Batara Rama nampi garwa kalawan kabingahan, réh kasoetjian kabersihan Dewi Sinta boekti kasaksi koe saeusi nagara, sarta harita anjeunna ngadawoeh, jén menggah manahna koe andjeun mah, da poegoeh tetep anteb perdjaja ka garwa teu aja sangka tereka; tapi katimbang koe salirana perloe moenggoeh anoe djadi ratoe, kagoengan manah timbangan, ati noe ngantjik di djalma leutik, rasa anoe aja di djalma loba, koemboeh ngawangoen nagara, ngétjagkeun kersa koe andjen, oelah soelaja pasalingsingan. Djalina réa moal itjal tina njangka gerentes noe seuri leutik, moal bererib noe noeding, lamoen teu boekti atra katingal, jén Dewi Sinta, soetji bersih tanpa dosa; ajeuna nembé antebna manah Rama ka garwa iasa sapatotos sareng sangkana pangeusi nagara.

Koe margi parantos loebar boekoeman noe ditibakeun ka salirana, ajeuna saparantos bérés roés itjal tina balang béngsal, moeng kantoen soeka boengahna noe aja, broel baé Batara Rama djeung garwana nja kitoe deui Lakshmana diiring koe Anoman Sarong sadaja balad monjét, moelih ka bali geusanna ngadjadi.

Sarawoehna ka Aijodhja, dipapag koe sadaja koetawargi mantri ponggawa sareng abdi-ahdi sapangeusi nagri, noe sadajana pada goembira pinoeh kue kasoekaan; migoesti noa boga milik sareng teu lami deui adjeng bae Batara Rama ngasta kakawasaan didjoeungjoeng loenggoeh djumeneng radja. Nagara woewoeh madjoe, djembar tambah-tambah kerta, djolema pada soeka betah, tiis tjeuli hérang mata, kaaoeban koe adiling noe djadi radja, boerip goesti waras abdl.

Poetra Batara Rama, 

Lami ti lami saparantos Batara Rama ngadeg naléndra di Aijodha, noedjoe nagara keur meudjeuhna reugreug pageub hédjo lémok, djelema bararoengah sararenang, bet kataradjang koe owah gingsip nja.éta adat.

154