Kaca:Poesaka Soenda 1923-04-1(10).pdf/11

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

djalma sok ngagoegat-goegat anoa geus kaliwat, Déwi Sinta dioepat dipaké njarita, kawasna sangka tjangtjaja teu kais koe laboe geni, nepi ka réa anoe kedal njebootkeun handjakal, nganaha-naba ka Batara Rama. Sawaréh aja anoe téga njeboetkeun jén: Radja njontoan goréng ka noe ti handap, ngareremi istri anoe geus kakoeroeng koe batoer, matak sangar ka nagara, mawa sial ka noe réa.

Gerentes pangoempatna djelema téa kadangoe koe Batara Rarna sarta raos peurih galih, réh garwa djadi njarita, inggis aja mamalana, inahala ka noe pertjaja. Koemargi éta teu aja deui tambana, kadjaba Dewi Sinta kedah disingkakkeun ti karaton, panoelak tjarita djalma. Saparantos dihaben dibeuwenng dioetahkeun digalih diboelak-balik, Batara Rama gilig baris pisah djeung Sinta, pameuli ati meudi nagri pangroat anoe ngaroepat, ladjong nimbalan Lakshmana djadjap. Sinta diboeang ka sapeualasean bangawan Gangga.

Déwi Sinta soemerab passah teu pisan bala kana satimbalan raka, djoong angkat henteu berlang wangkelang diiring koe Lakshmana baris nandangan dibocang ingkah ti nagara. Nanging tetep anteb dina kalboena, jén awal ahir tangtoe boekti kasoetjian galibna, kabersihan sali rana, sarta bakal kaoeninga koe salaja, tina roemaos teu aja pisan sérongna. Saparantos ka loear ti nagara, Déwi Sinta lebet a patapan Resi Waliniki, toemoec woeroekna sang wikoe, siang wengi seomédi djongdjon ngahenang ngahening. Teu kantos lami deui ajana di pantapaan goeroedag babar, poetrana pameget kembar, moerangkalih moeloes tea aja pisun koetjiwana dijdeneoganan anoe hidji Koasja, ari anoe hidji deui Lawa.

Moerangkalib poetra Sinta anoa doea téa ditorok koe Sang Pandita, cimongusong dipikahéman, diatik didjaring harti diasooh koe pangaworoeh, tatambangan kapanditan; Koesja sareng Lawa salira morontod teu berewit barébédan. Saenggous moerangkalih arageung, koe Sang Wikoe éstoe disoewook koe élmoe, diwoelang kasoesastran, pahaun kaboedjanggaan, ngagending ngarang ngagoerit, dadaran bagbagan basa, geus bablas sagala bisa, ngadangding djeung hariringna, nintjak pangkat martabat boedjangga, kakontjara moerangkalih djoèroe kawi.

Katjarioskeun di nagara Ajodhja noedjoe objag para panggawa mantri, geundjleuh saeusi dajeuh. réh Kangdjeng Radja Batara Rama badé ngersakeun pèsta sasadjén gedé ngorbarkeun koeda saadat biasa radja agoeng djaman harita.

Barang geus tepi kana mangsana, djelema ti soeklakna ti sikloekna toengkeb ka nagara, pada hajang miloe, kompoei miloe aoeb ka ratoena, breug ngiring ngawih poepoedjian, moeaja medar pangabisa.

Pandita Walmiki djeung poetoe koekoetanana noe doeaan téa ogé soemping ka nagara ojong ningali bari ngiring ngaloeohan dina prakna sasadjoen korban-koeda tea.

Sokoemaha adat biasa, dina waktoe éta pada ngawih poapoedjian saélmoena sagoeroena.

Koesja sareng Lawa ogé ngiring medar bénnangna diadjar, sarta barang dek ngawih hariring angin-anginan ngababar lalakon ,,RAMAJANA", ditéték ti poerwa dongkap ka wokasanana, sadaja dielerna pada olohok hengong, tina bakating koe soeroep loejoe, noedjo hoeroep ninggang wirahma, misah nenggang ti noe réa toeroeg-toeroeg basa ninggang kana rasa, tjaritana matak ngaholas nalangsa.

Nembé harita koe Batara Rama kaoeninga jén éta doea boedjangga nonoman téh, poetrana koe andjeun, poetra Sinta noe diboeang ka pangtapaan.

Harita, kenéh Batara Rama nimbalan mapag Déwi Sinta sina moelih deui ka karaton. Soempingna Sinta ka nagara, teu kenging ladjeng lebet ka poeri, nanging ka tempat magelaran anoe pésta biantara téa, lantaran dina manah Batara Rama, bade sakalian némbongkeun kabersihan salira garwana ka saeusi nagri. Eta margina keukeuh nimbalan ka garwana soepaja kedal soempah ka djelema loba, sing kasaksi kaboekti koe saeusi nagri, jén salira Sinta teu pisan larandapan dosa, sakoemaha panoeding noe hiri dengki, panjangka noe koerang wiwata. Sang Resi Walmihi teu tahan teu téga manahna ngadangoe timbalan Batara Rama ka garwana, djoeng baé andjeunna ngadeg, galantang njarita, noerangkeun dietjés-étjés-

165