Kaca:Poesaka Soenda 1923-04-1(10).pdf/4

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

dilebetkeun ka kapoerrèn, pamingitan, sarta siang wengi dikoerihit diproekproek puek proek kue woedjoek sangkan kersa dipigarwa baris dipoesti didamel pramèswari, marèntah saensi poeri. Radja brana emas inten saensining karaton ditingalikeun ka Dèwi Sinta mah soemawonna kagèmbang tea, dalah gedang aja galih obah koo kabèngbat, èta teu pisan-pisan, èstoe pantjeg angger panger toehoe ka tjarogè, tina aetjap kana manah teu aja pisan mèntjogna.

Tina Rahwana geus tètèr, pangolona pangbibitna bandoe, Dewi Sinta diantjam Augsoka, didjangdjian lamoer dina djero daea welas boelan keukeuh ieu kersa toentoet kana pangadjakna, Dewi Sinta baris ditjatjag diwalang walang dipanggang arèk ditoeang.

Siang wengi Dèwi Sinta nangis saseunbai, ka Badara Rama, didjaga koe oara raksasi anoe teu eureun ngawoejoek djeung njingsieunan, sangkan toemoet saloeloel djeung Rahwana.

Batara Rama sareng Laksamana welèh ngoedang ngoedang oentjalna teu hasil, ladjeng moelia ka tempat garwa ngantosan njalira. Nembe oeninga, Sinta teu aja.

Batara Rama kaget laja papadana, hariwang koe nalangsiang, garwadihaben disaksrak dibari koe doeaan, nanging teu kapendak. teu lami bae panganggo garwana noe ragrag tea sarta teu tebih beh deui tilas karèta Rahwana tèa.

Harita Batara Rama njol beudoe ngoedoeg-ngoedoeg lat lali ka boemi ada kek gendewa ditjandak badè diwengkang baris dianggo ngamenangkeun pangeusi djaga tina èmpoetana raja lian ngan Dewi Sinta tanggtoe geus poepoes dilenjaja koe boeta danawa. Koe andjeunna angkasa baka di roeksak koe panah, neempes sinarna srangèngè, boemi alam baris dikelem koe poèk mongklèng, goenoeng goenoeng baris djoeroegeotoegkeun didoengkar-doengkareun. Boemi sapangeusira baris dibasmi, dalah para dèwa batara bakal didjorag diroeksak, lamoen dèwi Sinta, garwana henteu dopoelangkeun sina poelih demi tjara tadi. Moeng dibaben dipoentangan dipepor koe Lakshmana, koe saeun noe noengtoen tipear, soepaja oelah bendoe kadalon-dalon, bilih kadoehoengt toengtoengna, langkoeng oetama dosasar dimamah heula. Batara Rama rada lemper toemoet, piwoeroek ratna, ladjeng deui njangsrak-njaksrak ngilari garwana. Teu lami bèh kapendak. Djatajoe anoe nendang panandasa Rahwana geus teu daja teu oepaja, sarta oendjoekan ka Rama soarana pegat-pegat, njarioskeun soegri anoe parantos kadjadian. Sarna satoekasna. Djatajoe tjarira kare'ek baè maot.

Koe Batara Rama Djatajoe lajenna didoeroek, sarta tina seuneu noe keur moentah-moentah andjeunna ngadangoe soera pitoedoeh piakaleunana sareng sarat. tarèkahna sangkan basa meunangkeun deui Sinta, tina genggeman Rahwana.

Nja ti dinja mah ladjeng èta doea sadèrèk tèh arangkat deui. Di djalam arandjenna amprok sareng boeta tanpa daksa ngaranna Kabandha, ger merangan ka Batara Rama sarta barang plas ditigas, boeta tèh les lengit, ngong aja sora, tankatingkal, lantaran èta Kabandha tèh dèwa noe mangroepa boeta, keuna koe soepata, anjèuna bisa sirna ingkar tina songsara nja koe pitoeloengna Batara Rama.

Andjeunna moelang tarima, koe maparin pitoedoeh jèn Batara Rama kedah mimitian sareng Radja menjèt anoe djenengan Soegriwa, nja èta anoe bakal beunang dianggo panjarandandoean gensan ngadjabel deui Sinta tina pangawasana Rahwana.

Tambih reugreug manahna Batara Rama henteu hontjewang pinoeh koe hariwang teuing.

Ti dinja ladjeng deui angkat ngahoedjoeng sananoedoehan Kabanda tèa.

Barang saroemping ka sisi talaga Pampa gok arandjeunna tepang sareng Radja monjet tèa, anoe harita keur nandang kabalangsakan asroek-asroekan mileuweungan, lantara karadjanana diindih koe sadèrèkna anoe djenengan Walin (Sosbali.) (¹)

Eta doea satrija tangkep tangan djangjien misran silih belaan: Batara Rama baris

¹) Katrangan at. lalakon pang Soegriwa petjoh sareng sadèrèk baris kapendak dina P.S. No.11