Kaca:Poesaka Soenda 1923-10-2(04).pdf/15

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

lok kawas bangkong, nja ngalandih andjeun “Sang Togog”, ngaran anoe soeroep kana tangtoeng.

Ti dinja Sang Hijang Moenget soedjoed deui kana djimat Lajang téa, ana boréng­kal woedjoed Ki Semar, kolot lain boedak lain, aki-aki koekoentjoengan, awak hi­deung beungeut konéng, nja salin djenengan téa harita.

Saparantos njalamoer djoeng doeaan maradjoe deui, tapi lantaran bisi katara koe para déwa, ladjeng papisah Semar ngoelon Togog ngétan. Méméh patoeraj soebaja heula jén doeanana koedoe pada mandakawan, Semar rék milih doenoengan anoe teuas liat koelitna kadjeun malarat masakat, ari Togog rék néangan anoe beunghar ngarah seubeuh barang dahar kadjeun koelitna teu liat sok moen bisa meunang kasenangan djadjar djeung man­tri ponggawa. Éta anoe doea sadérék saparantos laksana djaradi badéga téa, pada karagoengan deui djenengan lalandian, Togog digelar Ki Loerah Widia Mantri, ari Semar Ki Loerah Koedapawana.

Saparantos pisah ger hoedjan angin, Semar ngioehan dina poporogok sisi hoema; noenggelis di tengah alas ngarasa keueung djeung ngangres, émoet kana lalampahan salira. Tamba keueung saoeng téh ladjeng ditjipta. Ana djleg nja Si Goe­roeboeg nelahna Ki Nalagaréng atawa Tjépot. Béh deui Semar mendak loedjoe nanggeuh kana dahan, éta ogé ditjipta didjieun djelema, nja boektina Ki Oedawala téa. Éta doea tjtjiptan diangken anak koe Semar ditjandak ngagandék ka poetra poe­toe Pendawa........

Tab kitoe toetoeranana ari dina wawa­tjan mah.

........................

Tapi sanés ngan dina lalakon wajang woengkoel kapendakna ngaran Ki Semar mah, geura dina Djajabaja, sadjarah peteng anoe njarioskeun oega ogé, aja miloe kaseboet. Kieu oengelna anoe dina kitab oega téa mah ringkesna:

Poelo Djawa baheulana pisan ditjitjingan koe dedemit-dedemit, djin iblis siloeman sileman, ipri reudjeung banaspati.

Katjarioskeun Radja Eroem kaloengsoeran wahjoe Pangeran, djorodjoj aja hojong émoetan melakan Noesa Djawa koe djelema, oelah soewong djadi padoemoekan djin maraka­jangan woengkoel Nja ti Eroem ngiangkeun doea laksa djelema ka Djawa. Tapi eta anoe doea laksa téh méh toempes lantaran dika­niaja koe siloeman sileman téa, tepi ka ngan kari doea poeloeh koerén deui. Tina teu tahanna ieu anoe doea poeloeh koerén téh éng­galna warangsoel deui ka Eroem, oendjoek oeninga ka Kangdjeng Radja. Kangdjeng Radja Roem kalangkoeng ngoengoen ngadangoe kitoe baloekarna, ladjeng nimbalan pandita.

Séh Soebakir iang ka Djawa mawa deui djelema.

Séh Soebakir angkat ti Roem, loengsoer di Geresik, ladjeng ngidoel djol soemping ka Goenoeng Tidar, Di dinja Séh Soebakir moedja semedi, sidakep sinoekoe toenggal sarta satoetasna mapatkeun adjianana toembal toelak bala, geleger goegoer dibaroeng koe kilat pating baranjaj, Noesa Djawa asa gendjlong.

Kotjapkeun sadaja dedemit ipri banaspati siloeman sileman pada éar tagiwoer pasalibroengan tina ngadak-ngadak ngarasa panas lir dihoeroe koe seuneu naraka, sarta tina bakating teu tahan kabéh pada birat maboer ka laoet Kidoel henteu aja anoe kari, ngan tinggal anoe djadi gegedoegna doeaan, nja éta oerang kajangan anoe mangroepa djelema, loeloerah para siloeman ngaranna anoe hidji Togog anoe saoerang deui Ki Semar, pada kagét pada héran naha naon sababna, ngadadak oeroe-ara, saha anoe djail kaniaja, mana nandasa ka oemat Djawa. Barang diawas-awas ti poen­tjak goenoeng, katingali koe Ki Semar di Goenoeng Tidar aja anoe ngageboer, atoeh énggalna diboedjeng sarta teu lami gok te­poeng sareng Sang Pandita Séh Soebakir anoe keur menekoeng metakeun toembal.

Barang djol éta anoe doeaan, dipariksa koe Sang Pandita: “Andika djelema ti mana ? Diwalon koe Semar: “Kaoela pitoein oerang dieu, nja kaoela dangiangna eusi tanah Djawa, anoe ngasoeh para dede­mit banaspati anoe njitjingan ieu Noesa. Ari ieu anoe saoerang deui doeloer kaoela. Ari sampéan oerang mana, djeung naha mana gana-gana wani nandasa ka balad kaoela anoe ten toea teu dosa? . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . .