Tah kitoe ari dina Djajabaja mah. Koemaha ari dina kitab Pramajoga? Dina Pramajoga ogé aja deui toetoeran sareng wintjikanana Ki Semar mah, kieu oengelna: . . . . . . Baris disamboeng. (1) Pasoepati, sok lepat dioenikeunana koe oerang, maroekan tina péso-pati; Pasoepati téh djenengan Batara Goeroe. Panah Pasoeti, hartosna panah kagoengan Batara Goeroe (Pasoepati), anoe dipaparinkeun ka Palasara sarta engkéna ragrag ka Ardjoena. Djadi Pasoepati mah lain péso pati.
Artos keur langganan Poesaka-Soenda taoen ka doea, parantos dikintoenkeun ka Administrateurna, atanapi teu atjan? Enggal postwissel kosong téa eusian ƒ 3 ladjeng ka-poskeun oepami teu atjan mah. P. S.
Samboengan P. S. No. 3. Dalang: “Nji Embok Asmaragama, sangoe téh naon namana ?” Noe njaoeran: “Anaking Nji Wadon doenja, namana kentelning iman.” Dalang: “Nji Embok Asmaragama, daoen téh naon namana?” Noe njaoeran: “Anaking Nji Wadon doenja, namana godongning iman.” Dalang: “Nji Embok Asmaragama, boboko naon namana?” Noe njaoeran: “Anaking Nji Wadon doenja, namana sangganing iman.” Dalang: “Nji Embok Asmaragama, noe njangoe naon namana?” Noe njaoeran: “Anaking nji Wadon doenja, Njai Déwi Paratimah.” Dalang: “Nji Embok Asmaragama, noe njodorkeun naon namana?” |
Noe njaoeran: “Anaking Nji Wadon doenja, Nji Ai Déwi Patimah.” Dalang: “Nji Embok Asmaragama, noe toeang naon namana?” Noe njaoeran: “Anaking Nji Wadon doenja, namana téh Rasoeloellah.” Dalang: “Sandojong angkat ka pawon, gandeang angkat ka goah, sakoekoedoeng doa Moeloed, sasalempaj doa Rewah, ngeupatkeun doa salamet. Kirim koering modang wétan, diseuseuh teu daék baseuh, dipeureut djadi sakeupeul, dipoé teu kalangkangan.” Noe njaoeran: “Ki paradji geura indit, djoeroe kias geura dangdan, diiring koe Paratiwi, dipapag koe kekembangan.” (Aja samboengannana).
Langganan anoe teu énggal maparin artos keur pibajoeeun Poesaka-Soenda, baris ditjorét tina boekoena. Soepados majeng nampi deui Poesaka-Soenda, postkwitantie baé engké kedah dibajar. |
Kaca:Poesaka Soenda 1923-10-2(04).pdf/16
Ieu kaca can diuji baca