tuha pwa ja sakamantyan, salwir ing satwa haneng alas kinawacâkên ira makâdi singha mwang wyaghra Iâwan ikang gajah. Ya tikâ kinawacâkên ikâ de nira. Kakawaça pwa satwa de nira, inaranan ta sang Sarwadamana. Katêkân ikâ nêmang tahun lawas nirân rare, mangkin katon Kalituhayun ing awak nira. Cakra tulis ni karatala nira, manggihakna ng kacakrawartyan, sira dlâha.
Inantyaken ira ta ya, ndâtan hana pangundang mahârâja Duçwanta sira. Prihatin ta sang Cakuntalâ, tumangisi tanaya nira. Wruh pwa bhagawân Kanwa ry ambêk sang Cakuntalâ. Makon ta sira i çisya nira tâpasa, umiringakna sang Cakuntalâ, datêngeng mahârâja Duçwanta, mangatêrakna tanaya nira, Lumampah ta sira. Sadatêng nireng Hâstinapura, kapangguh mahârâja Duçwanta, sêdêng maweh sewaka sira. Mojar ta sang Cakuntalâ: „Sâjnâ haji, samaya ni nghulun. ngüni mwang mahârâja, yan mânaka nghulun lâwan haji ring dlâha, mangalilirana kadatwan. rahadyan sanghulun. An-mangkuna ling patik haji, umom ta sang nâtha, yumogyani samaya mami. Hetu ni nghulun manggân kaharasa de rahadyan sanghulun. lke kâri de cri mahârâja ri dalêm wêtêng, yateki Sarwadamana ngaranya.. Yogya ta rahadyan sanghulun umabhisekâ ri samangkana, maweha ng kayuwarâjan ring suputra rumuhun.” Mangkana ling sang Cakuntalâ. Sumahur mahârâja Duçwanta: „Syapa makastri kita sang dustatâpasi? Aku dinalihta swâminyu, atyanta tan wruh ring asambhawa ike ta karih! Hana karikâ ratu cakrawarti makastri tapaswi nicajanma! Apa tiki kadatwan katunan striratna marika nghulun prabhu? Arah laku mür ta ko saka ngke! Aparan tatan kaharêpa rnwân, pakastri dening prabhu cakrawarti.” Mangkana ling mahârâja Duçwanta, anangis ta sang Cakuntalâ, sawet ning irang ira, Mojar ta sira muwah: |
ki ageung, naloekkeun sakabéh sato leuweung saperti singa, maoeng djeung gadjah. Kabéh soemoedjoed ka andjeunna, nja didjenengan Sarwadamana (hartina: malim toekang naloekkeun sasatoan). Barang joeswana geus genep taoen, beuki tambah kasép. Dina dampal pananganana aja radjah (goerat nampal) panah-tjakra, djadi tjiri wantji bakal djadi ratoe njakrawati.
Déwi Cakuntala nganti-nganti panjaoer ti Radja Duçwanta teu aja baé. Ngaraos prihatin Déwi Cakuntala nangisan poetrana. Bagawan Kanwa oeninga kana manahna Cakuntala. ladjeng miwarang tjatrik ngiring Dèwi Cakuntala, ngadeuheus ka Radja Duçwanta njanggakeun poetrana. Toeloej arangkat. Sasoempingna ka Hastinapoera, kasondong Maharadja Duçwanta keur sinéwaka. Pok Dèwi Cakuntala oendjoekan: „Moegi teu djadi bendoe, Kangdjeng Radja, kapoengkoer panoehoen abdi, oepami abdi ngalahirkeun, boedakna sina ngagentos neraskeun kaprabon. Kana soebaja éta gamparan djangdji baris nekanan. Éta margina noe mawi harita abdi ngiring kana sakersa. Tah ieu ajeuna anoe dikandoeng koe abdi tampi pasihan ti gamparan téh, Sarwadamana ngaranna. Mangga koe gamparan ajeuna ieu boedak geura berkahan, saparantosna djoengdjoeng loenggoeh djadi Pangeran anom.” Kitoe kasaoeran Cakuntala. Radja Duçwanta ngawalon. „Saha anoe mirabi ka manèh, èh awéwé garéng! Aing koe manéh diakoe salaki, aing, anoe teu wawoeh-wawoeh atjan di manèh! Naha dikira hidji radja njakrawati, pikersaeun migarwa awéwé hina! Naha pangira manéh aing hidji radja agoeng di dieu di karaton kakoerangan awèwé anoe gareulis? Njingkah sia! Montong ngarepkeun awéwé pantar sia mah djadi garwa radja njakrawati! Kitoe dawoehanana Maharadja Ducwanta. Nangis Déwi Cakuntala bawaning koe wirang. Pok andjennua sasaoeran deui: |
Kaca:Poesaka Soenda 1923-10-2(04).pdf/7
Pidangan
Ieu kaca can diuji baca