Samboengan P.S. no.11 taoen ka 1.
Koemargi sanes doeaan tiloean anoe maroendoet samboenganana ieu wawatjan Siliwangi, anoe pegat katoenda ti awit nomer 1 taoen ka 1 keneh eta, ieu ajeuna diladjeungkeun deui. Nanging koemargi langganan anjar, anoe nembe loma sareng P.S. awit No. 1 taoen ka II, aja lima-genep ratoesna, noe tangtos pisan hareugeueun ningali samboengan tjarita anoe teu atjan kaoeninga ti mimitina, djadi perloe dibalikan deui ringkasna eusi tjarita anoe parantos kapedar kapoengkoer, kieu :
Ratoe Galoeh alam Padjadjaran baheula, kagoengan poetra tiloe anoe tjikal ti Selir, jenenganana Asmoenalarang, anoe hidji deui joel padmi djenenganana Pamanah-rasa, piradjaeun. Pangatikna tiloean toetoeroenan, ngairia Gelapnjawang, Kidang-panandjoeng sareng Lampoeng-djamboel. Sabot Pamanah-rasa ditinggalkeun koe tiloe pangatikna ka Goenoeng Padang, ditimbalan moendoet landong keur prameswari, andjeuna dikaniaja koe rakana, rek diarah pati sangkan karadjaan ra~g kanoe dengki. Petana nja eta Pamanah-rasa sina njoekang dina areuj sina meuntas Pangdadaran. Lantaran ditangtajoengan wahjoe, moebah akal rakana malah waktoena asoep ka djero soemoer gok tepang sareng radja djin anoe maparin kasaktian ka Pamanah-rasa. Tina teterna noe ngarah pati toengtoengna sanggeus Pamanah-rasa dibaloer koe areng didjoeal ka oerang kapal, koe oerang kapal ditoekeurkeun kana kai ka Poetri Ambet-kasih poetra Bengawan.
Koe pangatik anoe tiloe disoesoel, nja kapanggih si Hideung keur djadi budjang.
Tah kitoe tjariosna, ieu ajeuna samboenganana.
|
229. |
Katjatoerkeun Nini Koewoe enggeus tjoendoek,
|
|
diiring badega,
|
|
doea tjangkoeang hidji kate,
|
|
Njai Poetri bengong ningal noe tiloean,
|
230. |
Aja djalma anoe hidji gede loehoer,
|
|
satjaoe manggala,
|
|
boeloe panonna ngarimbjong,
|
|
halis tjeuli rambosbos boeloena pandjang.
|
231. |
Noe ka doea beuteungna njemplos boerajoet,
|
|
hoeloe harigoena,
|
|
djeg indjoek sakakab gomplok,
|
|
noe katiloe, kate pendek boele bodas.
|
232. |
Boedjang landjang sadaja ngarogrog koempoel,
|
|
aralohok heran,
|
|
saoemoer kakara nendjo,
|
|
djalma segoet djangkoeng gede kawas boeta.
|
233. |
Njai Poetri ngadawoeh barina imoet;
|
|
Oea noe tiloean,
|
|
Oepamana oea daek,
|
|
Matoeh bae di dieu reudjeung kaoela.
|
234. |
Dipasrahan patamanan koela oeroes,
|
|
kabeh saloearna,
|
|
boenderan djeung kebon-kebon,
|
|
malakmandar mangke kaala hasilna.
|
235. |
Njai Poetri ngalahir ka Nini Koewoe:
|
|
Tah Nini ajeuna,
|
|
Boedjang teh keur kaoela bae,
|
|
Rehna pantes pikeun pangasoeh kaoela.
|
236. |
Nini Koewoe tjong njembah bari pioendjoek,
|
|