| abdi seja pasrah, |
| najan diri abdi ogé, |
| sayaktosna da gamparan nu kagungan. |
| 237. | Nini Kuwu amitan enggeus jung wangsul, |
| ngantunkeun Sang Ratna, |
| saréncangna kempel kénéh, |
| ngan si Hideung Siliwangi henteu aya. |
| 238. | Manahoréng Siliwangi nyumput jauh, |
| weléh teu kapendak, |
| disaksrak ku jompong-jompong, |
| lajeng Putri carios ka réncang anyar. |
| 239. | Aéh Ua Pananjung jeung Lampung-jambul, |
| kaula geus lawas, |
| meuli hiji budak anéh, |
| hideung hérang rupana ceplés sagagak. |
| 240. | Digawékeun kana nyiram kebon sayur, |
| ngan tiba rumingkang, |
| dua tilu balik ngelél, |
| ngan tembangna teu wudu sorana ngeunah. |
| 241. | Ngan ayeuna éta teu aya ti isuk, |
| Gelap nyawang nyembah, |
| budak kuma dedegna téh, |
| sareng kinten sabraha taun umurna. |
| 242. | Lahir Putri kira lima welas tahun awakna langkonyang, |
| bujang enggeus ahir balég, |
| boga wanda ngan kulitna hideung pisan. |
| 243. | Pangatikna sapangira sapanengah, |
| séjén karasana, |
|
| hayang geura-geura amprok, |
| moal gagal éta anu ditéangan. |
| 244. | Éta nu tilu pangantik, |
| pok unjukan ka dunungan, |
| rék ditéangan di kebon, |
| sugan si Hideung kapendak, |
| malakmandar can ingkah, |
| lumayan’ dijieun batur, |
| suganna beunang diwarah. |
| 245. | Léos tiluan arindit, |
| néangan ka anu bala, |
| ratug haté asa geus gok, |
| sangkana geus moal boa, |
| enya Pamanah-rasa, |
| anu keur disusul-susul, |
| sok hayang geura béh aya. |
| 246. | Sanggeus burit ganti peuting, |
| Siliwangi taya datang, |
| disangka meureun ngaléos, |
| emban tétér naréangan, |
| weléh henteu kapendak, |
| meureun kabur tuluy ngencrud, |
| pédah aya bujang anyar. |
| 247. | Tapi nu tilu pangatik, |
| henteu weléh panasaran, |
| sapeupeuting henteu saré, |
| haben baé naréangan, |
| tina rasa moal gagal, |
| si Hideung tangtuna nyumput, |
| éra bisina kapendak. |
| 248. | Gelap-nyawang merih pati, |
| ka Lampung-jambul ngumaha, |
| da néangan mah geus weléh, |
| cing kaluarkeun pangabisa, |
| geuning boga tutungkusan, |
| ketrukkeun sawuruk guru, |
| ayeuna enggeus mangsana. |
|