| 249. | Kidang-pananjung ngurihit |
| ngarojong ka Gelap-nyawang, |
| ngolo bari rada ngosol, |
| nitah medar pangabisa, |
| asihan ti Gunung Padang, |
| panyangcang anu rék undur, |
| sangkan ulah bisa ingkah. |
| 250. | Cing itung ku palak sihir, |
| ku patangan palintangan, |
| ngétan atawana ngulon, |
| nyusup mubuy rnarangpang numpang, |
| tapi mending dikemat, |
| hadéna kudu diduyung, |
| da tétéla acan anggang. |
| 251. | Lampung-jambul henteu lami, |
| rep sidakep masang peta, |
| galantang mapatkeun jampé, |
| Hong Hiyang kemat asihan, |
| pangirut Pamanah-rasa, |
| anu pundung kudu cunduk, |
| mun teu anggang geura datang. |
| 252. | Satutas mapatkeun aji, |
| jung deui tiluan miang, |
| Gelap-nyawang henteu répéh, |
| bari ngomong: cing kikukan. |
| Hor-hon baé taeunna, |
| teu kaci teu maké kikuk, |
| susumputan jeung bapa mah! |
| 253. | Kacatur anu nyamuni, |
| reuwas pabaur jeung éra, |
| ratug kasawur ku atoh, |
| piseurieun teu katahan, |
| nyacapkeun kapanasaran, |
| maksa ti sumur mecenghul, |
| ka pangatik hoyong awas. |
| 254. | Kidang-pananjang nu awit, |
| ngocéak barina ngejat, |
| tobat! itu bet tétélo, |
|
| pentil jin bolongkotan, |
| moal salah tuh ririwa, |
| ka ditu ingkah sing jauh, |
| ka sabrang jeung ka Palémbang. |
| 255. | Ulah arék hiri dengki, |
| jurig nyingkir sétan nyingkah, |
| huh paralun hong ilahéng, |
| ulah jail kaniaya, |
| aing seuweu Gunung Padang, |
| kapan wana wani wawuh, |
| palias istan palias. |
| 256. | Anu hideung leungit deui, |
| teu kungsi lila témbongna, |
| tadi gé ngan tiba nempo, |
| awahing ku panasaran, |
| hoyong geura-geura awas, |
| ka pangatik anu tilu, |
| tina geus lawas teu tepang. |
| 257. | Ari manah ratug inggis, |
| ngeres ngangres suka duka, |
| tagiwur teu puguh raos, |
| ras émut kana salira, |
| nuju keur nandang sungkawa, |
| salira hideung belewuk, |
| wungkul jadi cocooan. |
| 258. | Kidang Pananjung muringis, |
| bari teu répéh parancah, |
| ngayékyék tuur nyorodcod, |
| anu duaan gé ngejat, |
| kagét ku anu kasima; |
| aya naon Ki Panaujung, |
| bet kawas anu kasibat. |
| 259. | Bedul ih alah ambuing!” |
| Ki Pananjung témbalna, |
| Jin kapir bieu katénjo, |
| henteu sak geus moal salah, |
| kabireungeuh da tétéla, |
| bieu nonghol tina sumur, |
| maké ngajebéng sagala. |
|