| 271. | Barang Radén Siliwangi, |
| ningali anoe kasima, |
| mésem némbongkeun pasemon, |
| barabaj sinar katingal, |
| ébréh tjahja wanda asal, |
| koe hideung henteu kasapoet, |
| tétéla Pamanah rasa. |
| 272. | Katjatoer tiloe pangatik, |
| anoe eukeur kasamaran, |
| ras ka noe eukeur didongdon, |
| rét ningal sinar marahmaj, |
| tjahja pameunten doenoengan, |
| keureut raraj tedak Galoeh, |
| ngan roempoejoek baé nahnaj. |
| 273. | Leuleus kabéh toelang sandi, |
| tina tétéla teu salah, |
| anoe hideung djiga gaok, |
| horéng anoe ditéangan, |
| Rahadén Pamanah rasa, |
| tiloean gabroeg ngarangkoel, |
| njioeman kana sampéan. |
| 274. | Pangatik gaoek narangis, |
| bari teu répéh midangdam; |
| adoeh goesti adoeh radén, |
| sembaheun doenja ahérat, |
| deudeuh teuing anak bapa, |
| njandang panandasa batoer, |
| salira kadoengsang-doengsang. |
| 275. | Teungteuingeun anoe djail, |
| teu aja pisan rasrasan, |
| ka goesti bet abong-abong, |
| nepi ka téga mergasa, |
| nganiaja ngabongohan, |
| noe djoedes rék ngarah oemoer, |
| noe teu toea henteu dosa. |
| 276. | Aki njeri haté peurih, |
| naha bet kabina-bina, |
| ieu nepi ka diporong, |
| teu poeas koe sina njingkah, |
|
| ditambah koe dihideungan, |
| bet abong ka intjoe batoer, |
| njiksa djalma poepoeasan. |
| 277. | Aki salah koerang, telik, |
| roemasa koerang prajoga, |
| wéja ngatik téh talobéh, |
| ngantoenkeun ka Goenoeng Padang. |
| bet maké indit tiloean, |
| kadoehoeng aki kadoehoeng, |
| teu boga pikir rangkepan. |
| 278. | Mangga goesti siksa aki, |
| aki-aki lalawora, |
| kolot gé bodo bolostrong, |
| sadrah soemangga tanganan, |
| bonganna koerang wiwaha, |
| gana-gana wani ngantoen, |
| baloekarna nganiaja. |
| 279. | Adoeh-adoeh tada teuing, |
| iboe rama di nagara, |
| moen ningali poerang pérong, |
| toer ngalipek di djarian, |
| djadi boedjang toekang njiram, |
| poetra njandangan boeboeroeh, |
| kawas si itoe si éta. |
| 280. | Radén Siliwangi nangis, |
| moeroeboet medal tjisotja, |
| toemoengkoel teu pisan lémék, |
| galih raos digerihan |
| ngangres pinoeh koe nalangsa, |
| ketir toengtoengna soemegroek, |
| paoengkoe-oengkoe opatan. |
| 281. | Teu lami Radén ngalahir: |
| meugeus aki oelah soesah, |
| ajeuna oerang geus amprok, |
| aja sihing Hijang Soekma, |
| oeing teu sakara-kara, |
| waloeja bisa patepoeng, |
| kadar kersana Pangéran. |
|