| 282. | Oeing téh diarah pati |
| koe kakang rék dipergasa, |
| tapi kersana Jang Manon, |
| henteu bisa tinekanan, |
| karepna noe nganiaja, |
| nja toeloej oeing ditoendoeng, |
| didjoeal ka oerang kapal. |
| 283. | Ajeuna koe aki boekti, |
| oeing hiroep nadjan lara, |
| ngan awak djadi lamedong, |
| hideung beurang ngahaloeran, |
| koe areng ditjampoer geutah, |
| didjoeal ka noe loemakoe |
| djadi beulian di kapal. |
| 284. | Ti kapal didjoeal deui, |
| oeing dibawa ka pasar |
| dirogrog pada narangton, |
| ditawarkeun ka soedagar, |
| dipaké noekeuran bahan, |
| kapal noe roeksak di laoet, |
| nja digaleuh koe djoeragan. |
| 285. | Katjatoer tiloe pangatik, |
| ngoeping tjarios doenoengan, |
| sedih njoeroetjoed tjipanon, |
| barina aroendjoekan: |
| Agan tong dianggo manah |
| koe aki disoesoel-soesoel, |
| aki teu weléh néangan. |
| 286. | Ajeuna enggeus kapanggih, |
| aki noehoen ka Pangéran, |
| djembar ka salira Radén, |
| aki henteu panasaran |
| aro enggeus kapendak mah’ |
| nadjan rék dipoendoet oemoer, |
| mangga soeka lilah pisan. |
| 287. | Hajoe siram baé Goesti |
| Keun koe aki oerang lokat. |
| Oerang pitjeun éta méhong, |
| balikkeun deui ka asal, |
|
| loebarkeun balang béngsalna, |
| montong lila-lila njamoer, |
| salira geura waloeja. |
| 288. | Énggalna Dén Siliwangi, |
| koe pangatik noe tiloean, |
| di lokat panjipoeh pamor, |
| dikebakkeun di waloengan, |
| didjampé bari didjiad, |
| tina mastaka diwoewoeng, |
| polédak loeloerna itjal. |
| 289. | Balik saasalna tadi, |
| datang tjahajasalira, |
| ninggang lendjang ngalénggéréng |
| sinar ébréh kaloehoengan, |
| kasép teu aja bandingna, |
| dasar tedak Ratoe Galoeh, |
| lain roepa poepoelasan. |
| 290. | Kasép bawana ngadjadi, |
| roepa wedalan déwata, |
| kasawoer sorot pasemon, |
| matak hébat anoe ningal, |
| salira éstoe satilas, |
| koelit enaj hoemboet kawoeng, |
| tjoereuleuk seukeut sotjana. |
| 291. | Pangamboeng soemedeng bangir, |
| ramboet hideung galing moentang, |
| halisna ngadjelér paéh, |
| waos bérés gilap bodas, |
| lambej damis nararinggang, |
| wanda ménak ampoeh timpoeh, |
| merenah keureutanana. |
| 292. | Ki Panandjoeng soeka seuri, |
| mireungeuh wanda doenoengan. |
| Gelap njawang témbong atoh, |
| Lampoeng djamboel boengah-boengah, |
| tiloean saroekan-soekan, |
| éngklak-éngklakan djalibroet, |
| silih gondjak djeung batoerna., |
|