| 304. | Mangga koe aki diiring, |
| geura sajagi ajakan, |
| eukeur wadah kembang eros, |
| boboko keur tempat lalab, |
| keun aki noe mawana mah, |
| poetri soeka liwat langkoeng, |
| djoeng angkat rék moepoe kembang. |
| 306. | Emban doeaan noe ngiring, |
| pada marawa ajakan, |
| Nji Tjentil njoeheon boboko, |
| norowétjo tjetjengiran. |
| hajang geura ngala katjang, |
| djaat gé arék dipoepoe, |
| lamoen enja mah beoahan. |
| 306. | Ka kebon Nji Poetri soemping, |
| kagét ningal kekembangan, |
| noe kamari pérang kénéh, |
| tétéla geus siang mangkak, |
| bonteng térong ngarandakah, |
| dina paranggongna rantoej, |
| malati soesoen laligar, |
| 307. | Euleuh enja geuning Tjentil; |
| Tjeuk Nji Poetri ka réntjangna, |
| laloempat paboro boro, |
| patjiweuh metikan kembang, |
| malati tjampaka warna, |
| alah ieuh koe kajoengjoen, |
| mana noe kami ajakan. |
| 308. | Nji Tjentil mah ngala hiris, |
| ngarondjangan pentil roaj, |
| ngaweswes ngakanan bonténg, |
| ngala leuntja djeung boeahna, |
| bari teu eureun ngotjomang, |
| handjakal djoeragan sepoeh |
| bieu teu dihatoeranana. |
|
| 309. | Njai Poetri Ambetkasih |
| tonggoj ngala kekembangan, |
| disérangkeun koe noe kasép, |
| Ki Panandjoeng ngadeukeutan, |
| api-api tetembangan, |
| hariring ditéma beloek, |
| djalang-djéléng ngamandoran. |
| 310. | Njai poetri ngala malati, |
| tjampaka anggang didongkang, |
| marol tengkèng noe ngagojot, |
| gero-gere ngagentraan, |
| ieuh aki barantoean, |
| koendangan oeing raridoe |
| ieu tjkelan ajakan. |
| 311. | Silah mah Tjentil njalingkir |
| montong miloe ngala kémbang, |
| sing djongdjon maroepoe térong, |
| tongkéng koe oeing sorangan |
| aki mana geuwat-geuwat, |
| ari aki bet koe kitoe, |
| toeh kembang gambir ragragan. |
| 312. | Gero deui gero deui, |
| bari panangan ngopepang, |
| sanggoel oedar teu karaos |
| ngagebaj ramboetna pandjang, |
| galing moentang bangbaraan, |
| ngaroembaj ngahibas tekoe, |
| katebak angin ngahelab. |
| 313. | Ngagoepajan noe keur ngintip, |
| noe neuteup paripolahna, |
| olohok Raden soemedot, |
| henteu poegoeh raraosan, |
| ningali bitis ngolènjaj, |
| badis lir djaksi sadjantoeng, |
| njatjas henteu kahalangan, |
|