| 314. | Nji Poetri mipit malati, |
| ngagentraan Gelap njawang, |
| aki tonggoj teu ngawaro, |
| anggoer batoek dédéhéman. |
| Harijaneun ih aki mah, |
| ieu kembang geura poepoe, |
| keur naon aki di dinja. |
| 315. | Ban diréré koe poetri. |
| panangan ngoelangkeun kembang. |
| arék dipaké malèdog |
| bongan henteu ngabantoean, |
| ari belewer njalahan, |
| kembang keuna ka tatamoe. |
| Ambet kasih awas ningal, |
| 316. | Tjeuk Nji poetri iih geuning, |
| balieur mailk ka toekang |
| poepat-pipit poenal-penol, |
| ngadak ngadak toetoenggoelan, |
| poetri teu poegoeh polahna, |
| soemeblak manah roemandjoeg, |
| henteu ngira henteu njana. |
| 317. | Ambet kasih api-api |
| nananggeuj ajakan kembang, |
| rada mésem rarat-rérét, |
| pok ka réntjang sasaoeran, |
| aki ieu tongkéng bodas, |
| bari lalaoenan moendoer, |
| raraj reup geuneuk raj pisan. |
| 318. | Nji poetri ngaraos isin, |
| soegan téh taja satria, |
| woeri-woeri kabalèdog, |
| saoerna: sanés dihadja, |
| eta atoeh aki bongan, |
| Ras émoet ngaroembaj ramboet, |
| disanggoel noenda ajakan. |
|
| 319. | Malati henteu ditolih, |
| Ki Padandjoeng seuseurian, |
| mana gan malati hedjo, |
| tjing aki hajang ningalan, |
| koetan aja tongkég bodas, |
| aki mah nembé saoemoer, |
| hiap koe aki koendangan |
| 320. | Poetri njaoer ka Nji Tjentil, |
| Tjentil hajoe oerang moelang, |
| ieu bawa kembang eros, |
| meugeus sakieu gé réa, |
| Kidang Panandjoeng nambalang: |
| Agan itoe akoe tamoe, |
| oelah sok degig ka sémah. |
| 321. | Oelah sok kitoe pamali, |
| geus lami meureun ngantosan, |
| bongan máké dibalédog, |
| koedoe ménta dihampoera, |
| saoerkeun sanés dihadja, |
| bisi tamu oerang djaoeh, |
| anoe ngahadja nepangan. |
| 322. | Tjeuk poetri doeka ah isin, |
| bisi lain rék ka oerang, |
| sémah bet los—los ka kebon, |
| meureunan arék ka ama, |
| Kotjapkeun Pamanahrasa, |
| langgéor angkat ka joengjoeng. |
| ka noe isin ngadeukeutan. |
| 323. | Geus tjaket nembé ngalahir: |
| moegi gamparan oeninga, |
| roemaos abdi katénggor, |
| sanés sémah nembe tepang, |
| gamparan keur kasamaran |
| naha lali ka noe wawoeh, |
| teu ngangken tjara biasa. |
|