Kaca:Poesaka Soenda 1924-(10-12)-3(04).pdf/16

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

Geura mangga taringali bae kaayaan sareng robah-robahna Basa Sunda; montong waka tebih-tebih, ieu bae dina 10 - 15 tahun kadieu, jadi dina awal windu ka XX; sumawonten saparantos aya rupi-rupi pakempelan, kumaha kaayaan basa urang..? Sadaya tiasa nangein pribadi.

Upami Basa Sunda ku urang diawas-awas, lajeng dirucat digunduk-gunduk numutkeun golonganana, meureun ku urang kenging dibagi kieu:

I. Basa Asal.

Tegesna basa anu tulen anu asal ti sungapanana. Kecap-kecap anu aya dina golongan ieu, tangtos loba keneh anu aya dina Basa Indonesia anu sanes, sabab sadayana pokona nya ti dinya. Nanging kantena geus seueur bentenna, da paturayna parantos mangratus-ratus tahun pada nuturkeun lalakon sorangan; robahna didieu moal sami sareng di temapat sanes, da benten kaayaannana, lain deui kaperluannana. Jadi upami ayeuna dibandingkeun, lolobana mah meureun ukur ngan mingper-mingper bae.

Dina adegna Basa Sunda, aya conto babandingan basa. Geura tingali…! Kecap-kecap asal ti sungapan tadi tea, tangtos pisan ayeuna parantos robah, raragana geus lain deui sareng tadi, malah ari sanes ku nu ahli ngarulik basa mah kaciri oge moal meureun.

Sumangga tingali dina bab kecap “ heunteu “ dina adegna Basa Sunda, kapan sakitu patebihna, ngan saukur aya mingper-mingper saeutik pisan. Tinggal bae eta kecap teh, asal-asalna pisan mah kapan ”sami” , da sasumber tea.

Dupi pangna benten-benten, taya sanes tina kenging ngalalakon tea, kahujanan kapanasan, kambang-kambangan ngambah sagara, turun gunung unggah gunung, nyorang lebak nyukang pasir, asup ka leuweung ganggong si maganggong leuweung sumenem jati, nelar ngentak ti bubulak, nyaung-nyaung di rema di jami, ka bala ka bale, pipindahan ngabuniaga, beh manggih dayeuh maneh, tetep renggenek didinya.

Tah…! Kumaha teu bade benten sareng barang gurudag, da puguh mentas ngalalana sakitu lilana; estu hirup ku ibun gede ku poe teh saenyana.

Demi hal petana robah-robah jisim kuring teu sanggeum nyukcruk-nyukcrukna; ngan malah mandar engke aya nu tiasa mapay lalakon Basa Sunda.

Nanging pikeun tamba lengoh teuing, sareng sugan jadi pangdeudeul kanu bade ngarulik Basa Sunda, bade nyanggakeun ieu bae paendak saeutik:

1. jeung, didieu, nahaon, tidinya.

Dina 700 – 800 tahun kapungkur, sanes “ jeung” nanging “ deung”,
dieu hartina “dini”
ka dieu “ ka dini”
nahaon alam harita “nanaha”
ti dinya masih keneh “ ti inja”.

Ayeuna oge masih aya keneh sababaraha dialek anu nyebat “ naon ” teh “naha“, sapertos di Banten, Kuningan sareng tempat-tempat anu caraket kadinya.

Kumaha mimiti robah tina “deung” kana “ jeung”; “ka dini” jadi : “ka dieu” sareng salian ti eta, hal ieu poekeun keneh pisan.

Aya deui conto saeutik, hal robahna kecap dina Basa Sunda, Malayu sareng Jawa. Geura mangga banding-banding! Kecap a - su, basa Jawa; dina Sunda sareng Malayu bet siga dibantun lemesna : an - jing.

Sawangsulna, dina Sunda sareng Malayu a- sup, ma - suk (ma - sup) dina basa Jawa bet jadi man - jing. Kumaha lalakon manawi patuker-tuker kitu? Ieu hanca hancengan anu bade ngulik Basa Sunda, ngalajengkeun lacak anu dimimitian ayeuna.

2. Anu bieu didadarkeun di luhur, robahna raraga kecap, naging hartosna angger keneh. Kajabi ti robah kitu, aya deui kecep-kecap anu robah raragana robah katut hartosna:

“Seleh” dina basa kuno hartosna “cahaya” ; eta kecap robah jadi suluh. Dina

74