Kaca:Poesaka Soenda 1924-(10-12)-3(04).pdf/17

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

Malaju sareng Jawa hartosna “obor” = nu mere cahaya) ; dina Sunda hartosna : “kai” atanapi “awi” keur beleumeun di hawu (= nu jadi lantaran aya meun, nyaeta seuneu nu mere cahaya). Pwa robah jadi po = kapan, geuning; kabeh dieu robah jadi pun, nya di Malayu mah angger jadi “pun” bae, dina Sunda mah robah deui jadi “pon” hartosna oge robah deui tina ‘ kapan, geuning” tea, ayeuna meh sami sareng “oge” kuring “pon” kitu.

Malah ieu oge tina “pon” tea robah deui jadi “bon”:

. . . ulah “bon” kuring, apan juragan patih oge nyacat bae”

“imah hartosna “ imah “ ; saomah hartosna “saimah” ; eta kecap saomah direngkeskeun jadi somah hartosna “ cacah”….sareng sajabi ti eta.

3. Aya deui kecap-kecap anu raragana mah angger beleger, taya renggot-renggotna atanapi diayana oge robahna dina “mistina” saeutik, dumeh eta kecap asal Basa dengeun ngumbara ka Sunda, urang Sunda teu tiasa nguningakeun ceples nu gaduhna; eta kecap pindah hartosna :

“dalem” hartosna sami sareng === jero (wangsulna luar). Di Malayu angger weleh gartosna; di Jawa robah jadi lemesna tina homah; di urang, dina Basa Sunda hartosna Bupati.

Gamparan aya anu robah hartosna, nyaeta dianggo ngalemeskeun kecap maneh. Engke dimana eta tarumpah ----- kai paranti nu lengit jirimna, meureun kantun “ gamparan “ anu dianggo ngalemeskeun maneh tea.

Ma’lum asalna Bahasa Arab, hartosna sami sareng “ geus nyaho” . Meureun ku urang Sunda oge, tadina mah dipake ngabaturan kecap ,, nyaho” tea ; nanging ayeuna ilaharna sami sareng kecap ,, sampurna”

. . .sareng salian ti eta.

Robahna kecap sareng hartosna aya anu layeut sareng kodratna, hartosna nurutkeun pamenta bakatna asal, surup saembat sareng dedegannana. Eta robahan anu kitu bijil tina tuwuhna basa, mun dijelema mah atanapi sato hewan, minangka ngagedeanana anu mulus tea.

Misilna tina ,,seleh” = cahaya, luyu naker robah kana sulu = obor; tina obor kana ,,suluh” Basa Sunda.

Tah! eta robah nu mulus.

Nanging robahna basa the heunteu salamina mulus bae, mindeng naker aya robahan kecap, atanapi robahan rakitan omongan anu jadi kasakit kana basa.

Juragan Ardiwinata parantos ngalebetkeun karangan hal anu ngaruksak Basa Sunda kana Panungtun Kamajuan ping 30 Nopember 1913, taun kahiji, No.9. Dina eta karangan ku anjeuna dicarioskeun imet pisan hal hama-hama anu jadi kasakit Basa Sunda.

Saur Juragan Ardiwinata:

„Mungguh ngarobah basa the aya nu hade aya nu goreng. Anu hade the nyaeta anu robahna teu karasa tea, kawas basa robah kumanehna; kanyahoan-kanyahoan sanggeus sababaraha tahun lilana, atawa anu dihaja diganti kunu boga basa, ngarah alus atawa ngarah lemes atawa lian ti eta.”

Demi pamendak anjeuna hal robahan basa anu awon kieu :

„Demi anu disebut goreng the nyaeta basa robahan atawa basa anyar anu dipoyok kunu boga basa, nepi ka maranehanana embung make. Pamangih kula anu sok ngaruksak kana Basa Sunda babakuna bangsa sejen; jaba ti eta urang pribumi oge anu kurang budina, sok ngabantuan ngaruksak, kusabab eta leuwih hade ku kula diperwinci hiji2:
1. Paranakan. Nu rek dicaritakeun pangheulana nyaeta paranakan Jawa.

Keur alam Bandung tiiseun keneh, nyaeta tacan sakumaha lawasna ti anyaran dipindahkeun ti dayeuh kolot ka dayeuh ayeuna, keur imah-imah lona nu ku welit keneh make talahab sarta nu geus loba imah teh babakuna ngan turut jalan besar wungkul, geus mimiti loba urang Jawa nu ngumbara, caritana ti Darmayu, Cirebon, Tegal jeung Pakalongan. Pakasabanana dagang bae, ngawarung, ngagendong jeung salian ti eta. Beuki kabehdieunakeun beuki loba, malah tempatna oge ngumpul, disebutna lembur pasar, sarta pacarianana beuki rupa-rupa lain dagang wungkul. Tiharita mimiti di Bandung aya basa : urang pasar, jajar pasar, adat pasar. Nu balengharna sarta nyarita ti dituna aya turunanana disebut ku urang Bandung santana pasar, nyaeta nu sok kasaur kana raramean.”

Juragan Ardiwinata lajeng nyarioskeun hal eta tea nu ngalimbara tea dialajarna basa pribumi; nyakitu deui anak-anakna ngaromongna basa nu kadenge

75